Hatur nuhun, Dupi maksad angka angka sapertos #8217,#8220 the naon nyak?
Abdi kantos nguping carita duka leres duka henteu kieu: Syech Mansyur sareng Syech Muhyi waktos di mekah kantos sareng, jeung kantos ngayakeun lomba saha anu pang cepetna dugi ka tanah jawa,bari di tangkukeun ku sabatang udud, Akhirna syeh mansyur cebulna di batu qur'an ( cikoromay ) & syeh muhyi di gua pamijahan, Namung syeh muhyi keleh cepet ku syeh mansur dugina, makana anu ziarah ka pamijahan teu kenging ngarokok, Ieu carita kenging ti carita dimasyarakat. Mangga dilereskeun... -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of durachman Sent: Thursday, June 23, 2005 8:14 PM To: Gunawan Yusuf Subject: Re[2]: [Urang Sunda] Keramat Syekh Abdul Muhyi--YECH MAULANA MANSYUR CIKADUEN panginten nu iue, kang gun?; > ----- Original Message -----From:Gunawan Yusuf > > To:[email protected] ; [email protected] > > Sent: Tuesday, July 01, 2003 6:22 PM > > Subject: SAJARAH BANTEN 7 (SYECH MAULANA MANSYUR CIKADUEN /KI BUYUT > MANSYUR) > (SYECH MAULANA MANSYUR CIKADUEN /KI BUYUT MANSYUR) > > Syech > Maulana Mansyurudin kasohor nami Abu Nashr, Abdul Qohar, sareng Sultan Haji, > anjeuna putra Sultan Agung Tirtayasa Abdul Fattah. > > Ceuk sakaol > nalika taun 1651 M, Sultan Ageng Tirtayasa (Abdul Fattah) liren tina > kasultanan, > dipasrahkeun ka putrana nyaeta Maulana Mansurudin Sultan katujuh Banten, > kinten-kinten 2 taun janten Sultan teras angkat ka Mekah. Kasultanan > dipasrahkeun ka putrana nyaeta Sultan Abdul Fadli, nalika angkat ka Mekah > Syech > Maulana Mansur dipasihan wasiat ku ramana nyaeta upami angkat ka Mekkah ulah > mampir ka tempat sejen kedah langsung ka Mekkah lajeng ti Mekkah kedah > langsung > ka Banten. > > Dina > sajeroning lalampahan ka Mekkah Syech Mansur hilap ka wasiat sepuhna anjeuna > singgah heula ka pulau Majeki, di dieu anjeuna nikah sareng ratu jin gaduh > putra > hiji. > > Salami Maulana Mansyur di pulau Majeki, Sultan > Adipati Ishaq di banten kena rayuan Walanda nu antukna anjeuna janten > diangkat > sultan ku Walanda. Nanging sultan Abdul Fattah teu nyatujuan kedah ngantosan > Maulana Mansyur, lajeng aya kakacauan nu ahirna dongkap kapal anu ngaku > Maulana > Mansyur sarta nyandak barang-barang ti Mekkah, dongkapna Sultan palsu ti > Palabuhan Banten ka Surosowan karaton Banten tetep ngangken Sultan Haji Abu > Nashri nu ahirna jalmi-jalmi percanten, mung Sultan Ageng nu teu percanten, > padahal Sultan palsu the Raja Pendeta turunan Jin ti pulo Majeki. Sultan Agen > dipikahewa ku sarerea, lajeng aya peperangan antawis Sultan Ageng sareng > Sultan > Haji palsu, nu ngabela Sultan Ageng nyaeta Tubagus Buang. Salajengna kabar > ayana > perang ka Maulana Mansyur nu aya di pulo Majeki yen aya perang ageing di > Banten > lajeng anjeuna emut kana wasiat sepuhna nu tos dilanggar, anjeuna angkat ti > pulo > Majeki ka Mekkah nyuhunkeun dihampura tina sagala dosa di > Baitullah. > > Saparantos > kitu rupina tobat ti anjeuna ditampi ku Gusti Allah SWT sarta dipasihan > sababaraha elmu panemu sareng karomah. Anjeuna emut ka Banten sareng izin ti > Allah SWT anjeuna neuleum di sumur zam-zam lajeng muncul di Cibulakan, > Cimanuk > bari nyandak kitab suci Al Qur #8217;an > dipanangana lajeng eta Qur #8217;an janten batu nu aya tulisan Qur #8217;an > eta tempat > ayeuna katelahna #8220;Batu Qur #8217;an #8221; nu dikurilingan ku cai. > > Sadongkapna > ka kampung Cikoromoy teras nikah ka Nyai Sarinten gaduh putra namina Muhammad > Sholih jujulukna Kyai Abu Sholih, salami di Cikoromoy anjeuna ngajarkeun > syareat > Islam. Nyai Sarinten pupus teras dimakamkeun di Pasarean Cikarayu Cimanuk. > Syech > Maulana Mansyur pindah ka Cikadueun bari nyandak khadam Ki Jemah teras nikah > ka Ratu Jamilah ti Caringin > Labuan. Dina hjiji waktos Syech Maulana Mansyur ngadangu soanten meong heras > pisan, barang ditingali sihoreng eta meong dijapit ku kima, eta meong meredih > menta tulung ka Syech Mansyur sangkan ditulungan, kumargi Syech Mansyur wali > sareng ngartos kana basa sato sapada harita eta meong tiasa dilepaskeun tina > kima. Saparantos kitu eta meong dibeat ku Syech Mansyur nu eusina kieu > #8220;Maneh meong ulah > ngaganggu ka sakur anak turunan kami #8221;, eta meong dikalungan surat Yasin > dibehengna dipasihan nami si Pincang atanapi Raden Langlang Buana, Ki Buyut > Kalam. Eta Meong janten rajana meong di 6 tempat nyaeta Ujung Kulon ratuna Ki > Maha Dewa, Gunung Inten ratuna Ki Bima Laksana, Pakuwon Lumajang ratuna Raden > Singa baruang, Majau ratuna Raden putrid, Manitung Nyayat nu sirahna > dicalikan > ku Si Pincang. Syech Maulana Mansyur pupus di Cikadueun, Pandeglang, Banten > sarta dimakamkeun diditu taun 1672 > M Poe Kemis, 23 Juni 2005, Tabuh 7:54:34 AM, Gunawan Yusuf, Salira Ngetik kieu: > abdi kantos posting kinten sataun kamari ngenaan sajarah Banten > ti jaman Salakanagara, Sultan Hasanudin, kalebet Syech Maulana > Mansyuruddin Cikadueun, dugi ka Syech Nawawi Al Bantani, upami > hoyong ke urang pilarian heula > ----- Original Message ----- > From: Lukman Hakim > To: [email protected] > Sent: Wednesday, June 22, 2005 5:47 PM > Subject: RE: [Urang Sunda] Keramat Syekh Abdul Muhyi > Pamijahan, Tasikmalaya: ritual keagamaan dan prospeknya bagi > peng... > Punten Kang Kandar, > Gaduh sejarah syekh mansyur anu makamna di cikaduen Pandeglang > Banten, umpami teu lepat mah jumenengna sami sareng syekh Abdul > Muhyi di Pamijahan. ====<diteukteuk, saluyu jeung atikan milist>===== -- Best regards, durachman mailto:[EMAIL PROTECTED] http://sg.f2.pg.briefcase.yahoo.com/dur74 Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

