Aya usulan sakedik ti sim kuring kanggo Kusnet anu
bade ngiringan KBS VIII.

Kahiji, upami tiasa mah digambarkeun peta kaangotaan
Kusnet sakuliah dunya ti Eropa dugi ka Pacific kidul,
Kanada dugi ka Afrika (Sierra Leone) sareng latar
belakang pendidikan , padamelan para anggota Kusnet.
Hal ieu peryogi kanggo nunjukkeun potensi Kusnet.

Kadua, Upami teu lepat mah kang Tirta sareng Kang
Ikmal parantos ngawawancara Mang Ayat perkawis Sunda
sareng Kasundaan, hiji dasar kanggo memahami Budaya
Sunda. Eta wawancara tos di CD keun ( ke Ku abdi
digandakeun, peryogi sabaraha copy?) Tiasa janten
salah sahiji karya Kusnet. Tong Hilap, dua buku
kaluaran Kusnet tiasa dipamerkeun dina KBS VIII.

Baktos,


mrachmatrawyani


--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hatur nuhun Kang Ganjar kana pangrojongna.
> Nembe teh antawis tabuh dalapan wengi Kang Dipa
> sareng Kang Dadan ngarongheap ka rorompok sim kuring
> bari ngiwir-ngiwir sababaraha lambar formulir kanggo
> janten pamilon KBS VIII, nya sim kuring ngeusian
> hiji kedah lengkep dieusian foto sagala, duka kanggo
> naon fotona mah tah.
> Insya Alloh sim kuring bade ngaluuhan KBS, upami
> kedah presentasi nya siap lah 


                
____________________________________________________ 
Yahoo! Sports 
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football 
http://football.fantasysports.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke