Wilujeng Kang Ridwandi, Ngiring bingah, mugi-mugi tuang putra teh digurujug ku barokah ti Allah, janten jalmi nu soleh, nu tiasa babakti ka agama, nagara katut ibu ramana. Oge mugi ibuna enggal sehat sareng jagjag deui sabada babaran. Amiiiin.
Meser Mie instant sa-dus eusi 40 siki. Didahar hiji unggal dinten, atah-atah ge da raos. keur pangeling-ngeling wungkul bisi hilap atawa bisi api-api hilap. heu heu heu -Ndoell- > > -----Original Message----- > From: Ridwandi [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: Thursday, June 23, 2005 8:32 AM > To: urangsunda; K'Endang; hilman; kisunda; Didi; K'Endang; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] > Subject: Nuhun Gusti (lahiran) > > Baraya Sadaya, > > Hatur nuhun anu kapihatur tina du'a atanapi harepan gerentes hate nu ikhlas ti saderek sadaya nalika sim kuring neda pidu'ana waktos pun bojo ngantosan untun inji babar. > Dinten kamari Kemis,tabuh 12.55,Sim kuring kitu deui pun bojo dipercanten ku Gusti Alloh dipasihan titipan lahirna pun anak (pameget) beuratna 3.25 panjangna 4.7 di RS Qadr Islamic Village Tangerang. Mugi - mugi dikucurkeun berkah sareng rejekina.Amien.... > Mangga ka baraya sunda anu linggih di daerah tangerang atanapi jakarta dihaturanan ka rorompok upami aya waktos di BLOK SINAI,Jl.Sinai I no 8,villa Ilhami,Karawaci Tangerang. > Sakali Deui hatur nuhun. > > Baktos, > Idwan / pun Bojo Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

