Angin peuting ngahaliwir
Disimbutan bari nuang indomi
Kajeunteuing bendu ngatraktir
Tibatan dikadek ku nyi kumi

hehehe
 
Neng Iva

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Huahahaha... kuduna mah jeung sobat teh silih rojong & silih jurungkeun, Ambuna! Ieu mah kalah rek dikadek... keun bae atuh ari daekeun mah...

Na hulu aya kulincir,
diangir ku lidah buaya.
Mu bade ka nu Kumincir,
traktir heula tuh ambuna.

jk

On 6/23/05, Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ambu eukeur ka uleman
dianteurna ku kang Dadang
Kumaha lamun kang Maman?
eta mah jajaka gandang

Bi Enjum gura-giru mulih
sab' teu kuat palay kiih
entong teuing seueur milih
naha bade ka kang Miih?

Na hulu aya kulincir
diangir ku urang-aring
Naha bade ka Kumincir?
dikadek siah ku aing


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke