sumpah keren pup, ka caroge teh sing sering we diparas
meh seueur ide,...

baktos

On 6/23/05, Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
meureun anjeun suka bungah
kuring ceurik ngabangingik
teuing..
anjeun lunta ka mana
euweuh pisan beja

duh gusti,
kuring nyiruruk di ieu kamar
euweuh nu nyaho
indung bapa jeung baraya
bangun ijid kana diri

na kamana atuh akang?
na bet tega ninggalkeun abdi

tah ieu si utun inji
kembang cinta asih urang

kungsi akang nyarita
ngiberan make aksara
yen akang, geus dijodokeun

pikiran kumalayang
asa hayang nelas pati

ngan ukur si utun inji
nu jadi panggeuing ati

pedah kuring tionghoa
ari akang jajaka sunda

sepuh akang henteu doa
sepuh kuring henteu doa

rek ka saha nya muntang?

utun inji nganti-nganti
nganti-nganti nu jadi bapa

indung euweuh ragap taya
teu bisa kasalametkeun


(ide tina carita pondok salasahiji majalah wanita, basa keur nungguan
salaki diparas minggu kamari)

--Roisz Tea
Mugia Urang Balarea Aya Dina
Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujeungan
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke