|
leres ari jumlah milisee-na mah +/- aya 1400 urang
ceuk Mang Je mah milis anu pang lobana sadunya.
Baraya oge Kang Tirta, ari noong ti
jawapalace mah geuning priangan diserenkeun ka walanda teh jaman pangeran puger
atawa pakubuwono ka-1 titimangsa 1703 masehi, ari sugan teh sangeus pejanjian
gianti pek teh 50 taun saacana.
Perkawis atikan atanapi sakola mah
kapungkur jaman imperialisme anu tiasa teh mung barudak menak wungkul, belah
dieu barudak anu aya dikota, ari ayeuna ngan anu borju wungkul, aya sih anu
pinter mah bisa meneng beasiswa eta ge mun nyaho jalurna. Unggal jaman ge
diurang mah acan aya 'pemerataan' kasempetan keur masyarakat, sugan kaharep
sikuring ngan saukur boga harepan.
Perkawis Cirebon Raya mah, sok geura
guar Kang Dur tong hilap make titimangsa ngarah aya gambaran ditempat sejen
sajaman jeung saha-sahana jeung ulah detil teuing heula dijujutan anu pentingna
bae hela ngarah inget/nerap dina utek.
Wassalam,
dudi_ss
----- Original Message -----
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: Re[6]: [Urang Sunda] SUKAPURA - Cirebon - Jateng dudi
- Re: Re[6]: [Urang Sunda] SUKAPURA - Cirebon - Jateng Jalak Pakuan

