Muhun kitu kang. Ageung alitna kegiatan, pasti aya efekna kanggo urang sadyana. Etamah gumantung kan cara ningali urang kana masalahna (cara pcandang) tina segi anu mana.
 
Sareng gumantung kana feeling urang sareng tingkat ka kreatifan urang.
 
Baktos,
 
Runa Inawan
Bogor-Tasik
 
On 6/24/05, sigaroet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tiap unggal bulan juni di Batawi aya karian gede anu matuh mah nyaeta
Pekan Raya Jakarta atawa Jakarta Fair minangka na mah jang ngareuah-
reuah milangkala kota Jakarta. Tempat na di bilangan kemayoran di
arena PRJ. mun aya PRJ sok dibarengan ku nu daragang kerak telor mun
dihaja-haja mah hese neangan tukang kerak telor, ari kerak telor teh
tina beas ketan nu digoreng dicampur jeung endog terus dipurulukan
parud kalapa.

Kamari pas kabeneran lewat ka kemayoran nyisi heula ka trotoar
ngahajakeun meuli kerak telor, bari ngadagoan teh sok tatanya ka si
emang na kajen ngaganggu ge da si emang na ge someah jadi teterusan
pancakaki, "Asal dari mana mang" ceuk kuring teh. " Saya mah urang
sunda ti Garut", "Eh salembur atuh mah ari kitu mah". ti dinya mah
ngawangkong weh uplek nepi ka beres si emang ngalayanan kuring nyieun
kerak telor.

Maneh na teh ka Batawi aya nu ngajak dagang kerak telor ampir
salembur maneh na ngadon daragang kerak telor mawa barangna dagangan
na ge aya kena 2 treuk na, maneh na ngahajakeun salila sabulan mah
jauh ti kulawarga cicing/sare di posko deket PRJ, mayaran unggal poe
2rb kanu ngajakna kira2 aya kana 200 urang na di posko teh.

Sajalan-jalan balik, mikir geuning lain nu jaregud hungkul nu meunang
untung ti ayana PRJ teh cacah ge bisa ngarasakeun sanajan ukur
sabulan.

cag ah

ewing
garut lembur kuring




http://inawan.blogs.friendster.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke