On 6/24/05, durahman <[EMAIL PROTECTED]
> wrote:
Assalamu'alikum.
Baraya, cenah, sistem operasi linux bisa jadi hiji diantara solusi pikeun
nyanghareupan masalah pembajakan sakumaha nu diprogramkeun ku pamarentah
ngalangkungan IGOS (Indonesia goes to opensource). Naon sababna? Sabab linux
teh softwaare anu opensource alias gratis (najan aya sababaraha versi nu kudu
mayar).
Ayeuna kuring keur BUNGAH AMAR WATASUTA. LIR KAGUNTURAN MADU KAURUGAN MENYAN
BODAS rahna kuring bisa nginstall LINUX MEPIS di komputer sim kuring
(komputer client). Ieu lain lantaran kuring jago komputer. Tapi...MEPIS-na
wae nu geus didisain ngarah gampang di pake ku jelma nu teu jago komputer
siga kuring.
Tah...baraya, ngintun email ka LEMBUR oge ayeuna nganggo program KMAIL. Mun
hoyong jalan-jalan di internet nganggo KONQUEROR. Mun rek digawe (make xcell,
word, powerpoint) geus aya gantina nyaeta OFFICESUITE OPENOFFICE. Mun rek
ngedit Gambar geus aya GIMP. Ah...pokoknamah sagala aya. Tampilanana?
Tampilanana meh rek saura jeung M$windows 98/xp. Jadi mun geus biasa nganggo
windows nganggo MEPIS moal keder deui.
Tos ah sakieu heula dongengna. Mangga.
Wasalam,
Durachman
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

