wass. wr. wb.
 
Kang Dur, jigana pikeun panganteur basa akademik, model naskah tutorial, leuwih cocog upama make basa sunda cohag. Basa Sunbda cohag ceuk pangrasa kuring, karasa leuwih bedas, leuwih aya tanagaan upama dibandingkeun jeung make basa Sunda lemes.
 
salam,
mh

durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr.wb,

Baraya kuring keur nyobaan nerjemahkeun tutorial komputer di nu aya di
windows98 make basa sunda. Bahasa sundana masih 'acak-adut' sareng istilah
komputerna oge teu pararuguh. Bilih aya baraya nu ngagaduhan waktu pikeun
ngedit kuring ngahaturkeun nuhun pisan.

WILUJUENG SUMPING DINA PELAJARAN
NGAWANOHKEUN JEUNG KOMPUTER SALIRA

Salira pastina oge tos terang kumaha cara nyerat dokument, marios buku cek,
sareng maca jeung ngintun email.

Teu masalah salira aya di imah atawa di kantor, salira bisa ngalaksanakeun
pagawean-pagawean nu disebutkeun tadi jeung pagawean nu sejena make komputer

aya loba hardware anu nyusun komputer salira. Hiji nu pang pentingna nyaeta
unit system

Ayana di jero central procesing unit, CPU, nu mangrupakeun otakna komputer

Komponen sejena di komputer salira mirip siga tv. Ieu arana MONITOR

Tulisan sarang gambar nu diolah ku komputer di tampilkeun di layar monitor.

Salira ngalebetkeun parentah-parentah ka komputer nganggo salah saiji diantara
dua pakakas.

Salira bisa ngetikeun informasi jeung parentah ka komputer make KEYBOARD, nu
jirimna mirip siga mesin ketik

Atawa...salira tiasa make 'alat panunjuk', upamana bae MOUSE, kanggo milih
atawa ngiserkeun objek nu ditampilkeun di layar monitor.

Salira bisa wae gaduh komponen hardware anu sejena, lolobana hardware eta
dicolokeun ka bagian tukang komputer make kebel.

Printer, modem, jeung speaker mangrupakeun sababaraha contoh hardware

Printer dianggo jang nyitak informasi nu aya di layar monitor atawa
disajerining dokumen kana kertas.

Modem ngahubungkeun komputer ka internet ngalangkungan kabel telepon

Sora ti komputer bisa didangukeun ngalangkungan speaker (boh external boh
internal)

Ngagunakeun keyboard
Pangajaran salajengna dina tutorial ieu, bade masihan terang salira cara
ngalebetkeun parentah ka komputer.

Informasi sareng parentah ka komputer diketikeun ngalangkungan keyboard

Ieu area utama kebaoard. Eusina tuts-tuts standar nu aya di mesin ketik

Pencet terus leupaskeun deui, angka jeung hurup nu aya di tuts bakal nonghol
di layar komputer.

Bagian sejena dina keyboard disebutna numeric keypad. Henteu kabeh keyboard
boga ieu.

Ieu digunakeun kanggo ngalebetkeun angka ka komputer nganggo hiji panangan,
sarupa jeung waktu urang make mesin itung (adding machine).

Keyboard baga baian nu sejena nu boga fungsi anu khusus. Contona (esc) nu
digunakeun jang ngabatalkeun parentah/tugas.

keyboad shortcut bisa dilakukeun make tuts ALT atawa CTRL bisa sorang-sorangan
atawa make duanana sakaligus.

Ngagunakeun Mouse

salian ti keyboard, selira bisa nganggo pakakas panunjuk (pointing device)
kanggo ngalebetkeun parentah ka komputer.

Pakakas panunjuk nu paling kawentar nyaeta mouse (cucurut)

(AYA SAMBUNGANANA)








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke