Hatur nuhun Kang, Janten kedah dua kali damel atuhnya pami kitu mah? Maksad teh, di MSaccess ayeuna (2003) aya fasilitas ngadamel Data Access Page (DAP) nu tiasa langsung ngarobih form biasa janten kaca web. Upami abdi teu lepat ngartos keteranngan Akang, DAP2 ieu (form nu tos dina format HTML) masih kedah di-script deui? Ari panginten teh DAP2 tiasa otomatis langsung dikenal salaku ASP page ku ASP server nu aya IIS-na tea...
Nuhun pisan bantosanna Kang, insya Alloh ke dikeureuyeuh tutorialna, sakantenan.. Baktos y --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hehehe, bagea Kang Yudi, keun we Kang tong dirurusuh, da sami atuh urang sarerea teh aya hanca sanes nya. Keureuyeuh we Kang sakeprul-dua- keprul, sugan engke jadi sagunung keprul. > > Perkara web access, "interface"-na kedah nganggo form HTML (atawa ASP script). MSAccess-na ngan dijadikeun database hungkul. Dina situs nu dituduhkeun tea, aya lengkep contona anu ngamuat operasi dasar database. Jadi tinggal diadaptasi wae saluyu jeung kaperluan. Malah aya sababaraha aplikasi web populer gratis, bisa di-download, misalna pikeun buku tamu, pooling, jeung sajabana. > > salam, > mh Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

