Perkara silsilah di Sunda, sigana mah patali jeung budaya tulis nu di urang mah teu nonjol. Urang Sunda umum teu ilahar tulas-tulis, sagala rupa loba nu ngandelkeun ingetan, budaya lisan tea... Jadi weh mun ditanya karuhun, lolobana ukur apal nepi ka aki/nini, bao ka luhur mah teu apal...
Kuring oge kungsi "pangangguran" nanyakeun ka indung bapa perkara karuhun, misalna ti indung bae nu 'asli' urang Garut, horeng kaluhurna mah bet nepi ka Cirebon. Ari punbapa mah geus puguh ti tungtung wetan, geus rada hese nyukcruk karuhun teh...
Sok geura, Baraya, mun pareng aya keneh sepuh, taroskeun luluhur karuhun urang, teras catetkeun, ketik, citak, atawa tuliskeun na buku catetan kulawarga, tembongkeuneun anak incu jaga... heheh
jk
On 6/24/05, Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Maos perkawis pareumeun obor, Sunda mah sigana teh kalebet seler nu
ngagem mazhab kulawarga pondok panginten nya? Teu cara seler sejen
nu kadangkawis ngajaga silsilah kulawarga nepi ka karuhun
pangtebihna, US mah biasana mung tilu generasi aki-bapa-anak bapa
(incu). Saluhureun atanapi sahandapeun ieu mah tos we sesah
maluruhna.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

