Assalamu’alaikum…

Punten, bade ngiring ulubiung dina milis ieu. Nepangkeun abdi Rosma, linggih 
sareng damel di Bandung. 

Ngawangkong ngenaan kajadian di terminal, abdi ge gaduh dongeng punten pami 
kantos ngadangu. Nami2 dina dongeng ieu sanes asli mung direka-reka (siga 
sinetron wae nya..) uningana kieu….
 
Dina hiji isuk di beus kota jurusan Dago-Leuwipanjang aya dua budak ngora 
ngarana Ujang jeung Asep nu karek datang ti lemburna. Maranehanana teh 
narangtung da teu kabagean diuk, maklum we tempat diukna geus pinuh ku 
penumpang. Bari nungguan beus indit, Ujang jeung Asep ngobrol lalaunan meuni 
uplek naker. Teu lila ti dinya aya urang asing alias bule nu datang bari mawa 
ransel gede naker nyengcle dina tonggongna.

Ningali kitu si Ujang nyisi mere jalan bari nyarita rada nyengir ka si 
Asep,”Awas monyet bodas rek ngaliwat hehehe….”

Ningali beus geus pinuh pasedek-sedek, supir gancang naek kana korsi gilang 
kancanana bari ngudud…

Nepi ka Statsion, loba jalema nu turun nyakitu deui si bule. Bari ugag-igeug 
mawa ransel nu gede jeung beurat, si bule nyarita ka si Ujang, “Punten, ngiring 
ngalangkung, monyet bodas bade lungsur….”.
Ujang & Asep,"??!!#*@"
 
Wassalam, 
Rosma.


"Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nuhun kang syam, emod-emod na silaing teh mani kabina-bina teuing nya, eta 
pasti huntuna na oge teu acan di sikat ku sikat beusi nya kang, da ngasin wae 
sigana mah nyengir wehhh panginten siga embe hehehe,... be te we, uing ngakak 
yeuh....

--< diteukteuk >--




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke