baraya,
upama kuring meunang usul pikeun KBS, aya sababaraha hal nu perlu dipadungdengkeun. garis badagna mah kieu, "kumaha carana sangkan basa sunda (BS) boga nilai ekonomi?". maksudna sangkan BS dipikabutuh ku jelema.
diantara jurusna kira-kira kieu:
1. para inohonng perlu ngabaladah nyieun perangkat pikeun ngukur kamampuan BS model TOEFL atawa IELTS. misalna sebut wae Tes Kamampuan Basa Sunda (TKBS)
2. para inohong perlu ngabaladah nyieun perangkat pikeun ngukur pangaweruh kasundaan anu ngawengku masalah sosial, budaya, sajarah, jeung geografi tatar sunda (TS). Kira-kira model GRE, GMAT jeung sabagsana. urang sebut bae Tes Pangaweruh Umum Tatar Sunda (TPUTS).
3. tiap pajabat publik di TS, boh pamarentahan kitu deui anggota dewan jeung parpol nu rek ngajabat di TS kudu lulus dua perangkat di luhur, misalna skor na minimal 600-an.
tah kumaha baraya, satuju heunteu upama eta usulan dijadikeun resolusi dina kongres. upama satuju pek geura ngacung. sugan kuncen daek nepikeunana. pek berendelkeun ngaran anu ngadukungna
salam,
mh
=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

