haturan kang Mh, damang...?
Mani pinter si akang, tapi kumaha upami sieun ti beubeut...? kedah ngabeubeutkeun kamana...? heuheuheuheu
 
si teteh, mani raos seuri......he he
IP

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
baraya,
 
upama urang nitenan acara TV, aya salah sahiji acara nu ceuk kuring mah perlu dilenyepan, nyeta acara "fear factor". jiga nu kabandungan ku balarea, jiga kumaha eta acara teh dedeg pangadegna. ringkesna, cenah jelema teh mibanda rupa-rupa "kasieun", "kaijid", "kacua", "kagila", jeung sajabana. tapi eta sagala rupa nu "pikasebeleun" teh, cenah mah upama dipikir rasional teu ieuh aya alesan nu munasabah pikeun boga sikep kitu. kukituna eta nu pikacuaeun teh cenah bisa dilawan, kucara jiga kieu, "upama urang sieun ku cacing, geura lawan eta kasieun teh kujalan ngahuapkeun cacing atawa ngadon guyang dina lautan cacing". jiga nu aya dina "fear factor" tea.
 
aya sering manggihan surelek, sababaraha dulur urang sok haringhang, hariwang upama nyarita basa sunda. ari alesanana sieun salah tea, sieun dicawad tea, sieun teu merenah tea, jeung sajabana. sabenerna teu aya alesan nu munasabah pikeun urang sunda nepi ka hariwang nyarita basa sunda. geura lawan eta kahariwang nyarita basa sunda teh, ku jurus "fear factor", kucara PEK GEURA NYARITA MAKE BASA SUNDA NU URANG BISA. tong haringhang, tong hariwang. pake basa sunda naon wae, rek make basa sunda cirebon, make basa sunda banten, make basa sunda bogor, garut, bandung jeung sajabana.
 
ku jalan kitu, upama di ieu milis urang cirebon nyarita basa sunda cirebon, urang banten nyarita basa sunda banten, urang bogor nyarita basa sunda bogor jeung sajabana, jeung sajabana, jigana "kosakata" basa sunda bakal leuwih beunghar. teu kudu maksakaeun make dialek basa sunda nu teu biasa dipake ku urang. keun wae da manusa teh upama dibandingkeun jeung komputer mah, meureun "super super komputer" nu tacan kungsi dijieun ku manusa. manusa geus dilengkepan ku "super translator" nu bisa narjamahkeun basa salian ti basa indungna.
 
salam,
mh
 


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke