kumaha mun anak direkturna si kuring neng Iva,...

hehehe

*mulaiteunyambung,baeah*

On 6/27/05, iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baruk, leres eta teh kang kin's. Berarti henteu beda jauh nya sareng dina film2na. Kantos abdi nongton salah sawios film korea. Dina film eta teh dicaritakeun budak salah sahiji anu gagaduhan Hotel digawe henteu dina jabatan anu pangluhurna tapi jadi pagawe biasa. Malihan gawena teh nu sok tukang angkat2 barang. Basa ningali film ieu meni resep, resep ningali ku babarengan jeung kakompakanana. Sampe abdi mah harita gaduh niat hoyong damel di hotel da kabita ku aktifitas/kagiatan pagawe2 hotel. Tapi da teu mungkin, moal enya nu ditiung mah da can tangtu ditarima. Malihan cenah kudu dibuka tiungna ari palebah gawe mah. Tapi eta mah saukur impenan.Dugika ngabayangkeun mun ditarima terus ditempatkeun di bagean dapur babantu juru masak, kokina. Cekeng teh teu nanaon, da kapungkur ge damel teh henteu tebih dina nu kararitu nyaeta jadi pelayan tuangeun. Emut mun harita damel jadi pelayan dina kaayaan naon wae ge kudu tetep we ningalikeun seuri, da ceuk paribasana oge ari nu meuli mah raja nya jadi kudu dibageakeun saalus alusna.  
Cag ah, punten nya ieu teh kalah ngadongeng pangalaman.

Salam,
Neng Iva

--Roisz Tea
Mugia Urang Balarea Aya Dina
Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujeungan
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke