Kang Oman ndh,

Hatur nuhun parantos ngaguar koreksi ngeunaan ngaran anu sakedahna diangge ku aksara Sunda teh. Katampi yen aksara Sunda langkung payus dinamian aksara Pakuan, sanes Ngalagena. Kikituna kapayunna urang lereskeun.

Sakantenan oge bade nambihan yen anu parantos didamel teh sanes "software", nanging mung saukur file ttf anu nyayogikeun data bentuk aksara Sunda (font). File ieu tiasa dianggo dina rupi-rupi software kanggo ngolah dokumen, samodel Ms Word atanapi Openoffice.

Baktos,

-Dian-

On 24/06/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, bil khusus ka Kang Dian anu parantos ngabalada midamel Program
Computer (C) Aksara Sunda,
Aya talatah ti Abah Surya, waktu si kuring ngalaporkeun kamajuan warga
milist, khususna Kang Dian anu parantos ngabaladah midamel software Aksara
Sunda. Talatah teh perkara ngaran ieu Aksara Sunda, lamun tea mah arek
dingaranan sejen salian ti ngaran "Aksara Sunda".
Samemehna, Abah Surya teu kinten nganuhunkeunana sareng ngarojong ka Kang
Dian oge ka urang sadaya sangkan neruskeun ieu garapan anu kacida ageung
ajenna. Anjeunna oge sayogi pikeun nyalabarkeunana upama ieu software
parantos rengse.
Ngeunaan ngaran, saur Abah Surya, upama ieu aksara Sunda seja dingaranan,
saena sanes dingaranan ku "Ngalagena", namung ku ngaran anu sanes anu
langkung nyoko kana sajarah diciptakeunana ieu susunan Aksara Sunda. Aya 2
pilihan ngaran anu dipidangkeun ku Abah, nu kahiji: Aksara "Kaganga"; anu
kadua: "Aksara Ratu Pakuan". Kalawan pedaran nyoko kana sajarah, rasa jeung
aweuhan budaya, Abah ngusulkeun ngaran anu merenah pikeun Aksara Sunda
nyaeta : Aksara Pakuan. Pikeun kajelasanana, hayu urang pariosan-sakumaha
anu didugikeun ku Abah, sugan tepi ngaguarna deui- silsilah rupa-rupa ngaran
aksara anu kasebut di luhur, kaasup ngaran Aksara Sunda Ngalagena.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke