Tah..tah...geuningan naronghol oge geuningan urang bogor na teh. Muhun mangga atuh iraha deui kinten2na urang ngayakeun ririungan di Bogor teh. Kahoyong mah (muhun kamari nuju Kopdar bogor) saurna teh kumaha upami dirutinkeun, muhun kanggo langkung ngalayeutkeun rasa babarayaan, sareng atuh kanggo ngabahas sababaraha agenda anu kantun ditindaklanjuti ku urang khususna kusnet bogor.
Nya atuh upami urang sering kempel mah susuganan we tali silaturahmi urang langkut raket "pageuh iket" (he...he. teu nyambung bapana jaka sembung). Terus terang we simkuring mah, kusnet teh hoyong "langkung" aya manfaatna kanggo urang sadayana, langkung mengakar (non tah basa sunda na?), Ngan teu wungkul kempel sempal guyon gogonjakan, tapi tina eta kempelan teh aya hasilna anu langkung munel (leres kitu eta basa munel teh ?)
Tah kitu baraya....
Punten ah bilih lepat nyarios mah....da kaleresan simkuring mah nembean ngiringan ieu millis teh.
Mangga, caggg....
Baktos
Runa Inawan - Kusnet Mania
On 6/27/05, amin mina <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sumuhun sami sim kuring oge kabita....iraha tiasa
ngiringan ririungan kitu nya,...padahal abdi oge
linggih di bogor(cisarua).
--- Dani Ibrahim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Runa, punten pisan abdi teu janteun ngiringan
> KOPDAR, eta email reksak
> didinteun kemis janteun teu terang kasaha kontak
> sareng dimana ngempeulna.
> Insya Allah upami aya deui abdi daftar.
>
> nuhun,
> Dani Ibrahim
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

