Tadi peuting ngobrol jeung urang Leles ngeunaan jurig. Ceuk manehna mah jurig teh euweuh buktina, ukur ciciptaan nu "nempo"na. Asa kungsi ngadenge kuring ge. Nya kitu oge nu sok kapikiran mun keur lalajo masalah jurig na tipi. Naha di dunya Kulon perkara jurig teh teu rame? (bener kitu? da uing mah rumasa can ka kulon, kakara nepi Ujung Genteng, tapi film ghostbuster & casper mah kawentar ketang). Naha pedah urang kulon mah ngagedekeun rasionalitas? Kateuing atuh...
Ceuk eta balad urang Leles, jurig mah ukur ciciptaan nu nempona. Yen dina ingetanana teh geus napel ngeunaan 'entri' jurig, nu ilahar digambarkeun pocong, atawa awewe nu make baju bodas buukna awig2an, atawa mangkeluk rambosbos hideung pikasieuneun, jsb. Eta teh pan gambaran tina ingetan urang nu kungsi kaeusi ku nu nyingsieunan. Pikeun nu ingetanana can kungsi dieusi ku "entri jurig" mah, gambaran sarupa kitu teh moal nembongan. Misalna aya dua jalma, nu hiji borangan da mindeng teuing lalajo film jujurigan & mindeng "didoktrinasi" yen jurig teh pikasieuneun, nu hiji deui teu kungsi disingsieunan ku perkara jurig, ngaliwat ka nu hara-haraeun, atawa wanci peuting ngaliwat ka kebon awi. Pantesna teh nu borangan mah geus hayang jauh bae ti eta kebon, sabab sieun nempo jurig. Aya nu ngorosak saeutik teh langsung bae ngabecir. Tah, ari nu saurang deui mah, kusabab teu kungsi disingsieunan, nya cuek bebek bae. Aya nu ngorosak, paling ditempo diilikan.
Terus naon sababna mun urang ngarasa keueung, bulu punduk sok muringkak narangtung? Ceuk sakaol mah, eta teh alatan taya korsi na punduk urang. Mun aya mah tangtu bulu punduk teh dariuk...
jk
On 6/28/05, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring mah ka jurig anu bungkeuleukan teh, percaya mah henteu tapi lamun kudu patepung, embung
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

