'alaikum salaam wa rahmatullah wa barakatuh...
wilujeng sumping ka kang Heri di ieu gempungan, mani asa reug reug yeuh manggih balad sa-almamater..., sami kulan kuring ge lulusan smakbo thn 1990, terusna deuih, kuring ge bibit buit mah pituin ti bojonglopang pisan, sukabumi nyingcet. ngan nyaeta ari panganjrekan sataun sakali nu matuh mah di bogor, kandang roda persisna mah. da sabelas bulan sesa na mah, kudu dipake bubuara di lembur batur jang nyiar kipayah.
sok ah mangga urang sami2 ramekeun ieu babakan teh, tuh geuning ayeuna ge nuju guntreng dipadungdengkeun bade medalkeun buku Kusnet anu ka-tilu......
der ka dinyah.....
/salam
wawan
Heri Hermawansyah <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Assalaamu'alaikum wr.wb
hampunten nudisuhunkeun,hampura nu dipenta sateuacanna
Sampurasun nun,ieu abdi budak anyar seja ngring riung mumpulung
bongkok ngaronyok.Ari isin mah nataku,mung ngawani-wani maneh
we ieu teh dumeh hoyong silaturahmi sareng kanca sadayana
Abdi teh aslimah ti Cisaat-Sukabumi,mung tos 10 taunan nyiar
sahuap-sakopeun di Palembang.Abdi teh diluluskeun ku SMAKBO
(Skolah Menengah Analis Kimia Bogor)taun 1994 susuganan aya kanca
di millis ieu sa-almamater wilujeng tepang ti abdi/
Sakitu heula nu kapihatur,hampunten bilih aya basa nu pondok
nyogok panjang nyugak.Salam Mimitran ti kaangangan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?>---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- ===diteukteuk====
__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?>
---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

