Ehm..
punten ah, ngiring nambihan sakedik dua kedik.
nu ngarana obrolan, komo nu patembalan sarupaning sisindiran mah,
sakapeung mah sok luar-leor, eusi jeung judul tungtungna jadi 
pabaliut jeung bubaliut. 
bener, Jaka sembung nginum milo...teu nyambung gitu lo...

Jadi mun dibandungan, komo dijakartaan mah...nya memang lieur. 
Beda jeung postingan nu daria, dina saling bales oge, eusina moal 
jauh teuing jeung postingan nu mimiti. 

Balik kana soal aturan posting...
sakapeung, mun narima imel teh, nu dibaca tiheula pasti judulna. hiji 
dua judul wungkul nu bisa ngagambarkeun eusi postingan teh.
Contona dijudulan : Lowongan padamelan, geus pasti eusina lowongan. 
judulna : Keom sakedap, geus pasti eusina bodorna Kang Syam. 
judulna : Bewara, geus pasti eusina penting pikeun sakabeh. 
judulna : Paingan ....geuning kieu eusina...heu heu heu

Tapi balik deui tujuana milis, salah sahijina nyaeta pikeun diajar 
basa sunda. Sabisa-bisa ngomong sunda. rek lemes rek garihal ge 
mangga. Tapi lolobana mun rek posting teh sok sieun tiheula, komo nu 
kakara asup mah. Bisi salah tea, bisi dicarekan, bisi diprotes, bisi 
kieu, bisi kitu. Tungtungna jadi miceunan kahayang posting. Ngan bati 
no'ongan wae. Anu matak loba anggota kusnet nu barintitan, alatan sok 
no'ong. 

Tapi, lain oge meunang posting sabebas-bebasna, sakahayang, sakainget.
Pan Ceuk dina paparan oge, kedah diwates ku Netiket tea. Apal 
Netiket ?
Pastina ge ngalarti jigana kana hal eta mah,  da geus pada-pada 
dewasa. 
Dewasa teh gede wadul kasasaha, lin ?
heu heu heu

Nagog deui ah,
-Ndoell-

--- In [email protected], iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Hatur nuhun kang kumi tos pangwalerkeun. Muhun sok rajeun teu emut 
subjekna tara digentos. Mun hilap punten bae, sareng manawi aya 
baraya anu kersa manggentoskeun mun isi postingan tos teu nyambung 
sareng subjekna.
>  
>  
> Salam,
> Neng Iva 
> 
> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Komunitas Urang Sunda di Internet. 
> 
> Porum ieu ngahaja diwangun pikeun tempat 'komunikasi' masyarakat 
Sunda nu aya di sakuliah dunya. Ngaliwatan porum ieu sadaya anggotana 
tiasa ngedalkeun sagala uneg-uneg, tukeur pikiran, ngadongeng, 
ngabodor :-), ... pokona mah bebas bade naon bae asal tetep ngajaga 
sopan santun 'komunikasi' di internet (netiket). Hayu urang gunakeun 
porum ieu pikeun ngamumule basa jeung budaya urang ... Sunda!

<< dikadek sapotong.........>>





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke