Pikeun babandingan perkara tilem, kuring aya
ngompilasi e-book perkara Imam Mahdi karangan sarjana
Iran, eusina 14 bab. Upama aya nu minat, bisa japri ka
si kuring.

salam,
mh

--- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nuhun kana kintunanana Kang, duh eta keur asik
> maca......ari pas handap surelek, geuning ...."to be
> continued". Sing diparengkeun atuh Kang supados
> enggal katampi sambunganana (nodong -:) )
>  
> salam
> JP
> 
> Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Assalamualaikum wr wb..
> 
> Cariosan ngeunaan tilem/ngahyang tos sering
> dipadungdengkeun ku para wargi (sanaos sim abdi teu
> acan ngiringan aub..mung ngaos wungkul)..utamina di
> kisunda. Sim abdi ngintun deui serelek ngeunaan
> tilem/ngahyang..bane we kalepasan dodongeng di
> kopdar
> cupumanik…ku kituna punten ka nu sanesna…bilih
> dongeng
> lembur ieu ngabosenkeun/ngabarubahkeun pamendak
> kawargian….
> 
> Tawis baktos ka kang hendi (?) sareng ua Haji..nu
> ngemutkeun kana ‘dodongeng’ sim abdi di millis…oge
> ka
> sadaya kawargian..teu hilap ka pupuhu kusnet M(ang)J
> miwah Ua Sas….haturan.
> 
> ----------------------------------------
> Panganteur 
> 
> Ngahyang atawa tilem lolobana dinisbahkeun ka cara
> ninggalkeun alam dunyana Siliwangi jalma baheula di
> jaman Pajajaran (lain jalma ayeuna).  Harti jeung
> maksud jalma sunda ayeuna ngeunaan kecap/konsep
> ngahyang atawa tilem rupa-rupa, misalna, Dina
> ensikolpedi sunda (2000) entri ngeunaan tilem
> euweuh.
> Aya oge ngahyang – dina entri kecap hyang- nu
> dihartikeun leungit jeung jasadna ngajadi hyang. Ari
> Hyang di sunda mah luhureun dewa-dewa - ‘Allah’  di
> sunda mah disebut  diantarana Sang Hyang keresa ( nu
> maha pencipta) jeung Hyang Seda niskala ( Maha
> Gaib). 
> Dina kamus LBSS (1992) kecap ngahyang euweuh aya oge
> tilem nu dihartikeun ngaleungit jadi siluman---beu!.
> Aya oge nu dinisbahkeun tilem/ngahyangna Siliwangi
> teh
> teu dipercaya lain leungit jeung jasad tapi paeh
> biasa
> mun teu salah mah ieu teh salah sahiji pamendak ti,
> diantawisna, Pa Yosep Iskandar. Aya oge nu saukur
> ngagolongkeun ngahyang teh mitos (tahayul) jadi lain
> mang rupa hiji hal nu jadi kareueus da bohong.
> Kaasup
> nu nyebutkeun sarua/beda antara tilem jeung ngahyang
> ditambah bumbu ayana maung kajajaden.
> 
> Ari ieu tulisan… hayang ngajelaskeun sabisana yen
> tilem/ngahyang  teh lain mitos/tahayul  tapi hiji 
> ulikan nu masagi…lain ngaleungit jadi siluman tapi
> balik ka Allah swt nohonan innalillahi wa innailaihi
> rojiun…sanajan baheula mah carana lain nganggo
> sareat
> Muhammad…bari badan/jasad awak-awakana sampurna dina
> harti sirna mulang ka asalna …jeung bisa wae
> dilakukeun jalma ayeuna nu nuturkeun sareat Sang
> Rahmatan lil alamin (islam) lain baheula wae…. bisa
> henteuna nu nulis mere katerangan nu ENYA keur
> ngadukung argumenna dina ieu tulisan gumantung kana
> panilaian nu macana.
> 
> ….. pangapunten bade dijujut ti ‘konsepsi’ jeung
> paradigmana heula….sateuacan kana hal
> tilem/ngahyang…
> eta ge upami pareng…nyanggakeun sun..
> 
> 
> 
> I
> Innalillahi wa innailaihi rajiun….(kabiasaan)
> 
> Kekecapan innalillahi wa innailaihi roji’un nu
> dihartikeun sacara awam mah asal ti Allah balik deui
> ka Allah… loba/ilahar diomongkeun lamun aya/meunang
> beja aya jelema maot [Sanajan dina qur’ana
> (Albaqarah)
> mah nyebut kecap diluhur teh ciri mu’min lamun
> meunang
> musibah]. Sigana pedah ditinggal maot teh kaasup
> musibah kanu ditinggalkeun… Atawa hiji etiket nu
> terkadang klise bijilna kecap kitu teh supaya
> kasebut
> alus wae ku nu ditinggal maot yen urang ngilu
> sedih/kaleungitan…bari saenyana mah bisa wae teu
> sedih
> teu sing..he..he. kukuring teu diasupkeun kana
> ngadu’akeun sabab jarang kaciri intonasi atawa
> posisina siga ngadu’a lolobana intonasi na teh siga
> ‘statement’.
> 
> …nu jelas mah 
> nyawa na jadi arwah…sok dihadiahan illa arwahi..
> badanna jadi mayit…. Dimandian, dikafanan, disolatan
> terus Dikubur 
> 
> Naha enya nu maotna mah harita manjing innalillahi
> wa
> innailaihi rojiun?….wallahu alam… sabab lamun
> nurutkeun katerangan tina qur’an. ..aya nu bakal
> keuna
> siksa sapanjang langit jeung bumi … aya nu dikubur
> heula…ngalaman padang masyar…aya nu meunang
> rahmat/nikmat heula …aya nu lila rek tepina ….jeung
> aya oge aya nu langsung (diistilahkeun ‘secepat
> kilat’) meunang rido Allah bisa balik ‘panggih’
> jeung
> Rabbna…
> 
> Enya..enyana mah kabeh mahluk bakal balik deui ka
> Allah…ngan can tangtu harita (pas maot) …teuing
> iraha!!!!???? Boa sanggeus bumi langit rusak…beu
> lila
> lila teuing.
> 
> Malah saenyana hayang bisa manjing innalillahi teh
> manusa kudu usaha satekah polah salila hirupna
> pikeun
> panggih jeung Rabbna ??!!
> 
> Wa’bud rabbaka hatta ya’tiyakal yakin….atawa lamun
> lolong didunya lolong diaheratna….lamun teu apal
> didunyana ka Allah…diaheratna ge tangtu lolong teu
> apal…jrrd argumen nu  bosen lamun dituliskeun
> deui…..ah rek percaya we bakal balik ka
> Allah….he..he..heueuh gampang pisan teu kudu
> susah-susah …tapi pan sakabeh kayakinan teh kudu
> jeung
> elmuna bener henteuna kudu kasungsi sabab bakal
> dipenta pertanggungan jawabna.
> 
> 
> II
> 
> Innalillahi wa innailaihi rajiun (ulikan)
> 
> Asal ti Allah balik ka Allah disunda (tiasa diaos
> heula sunda nganggo tanda kutip) leuwih diteuleuman.
> 
> Paling henteu di sunda loba kekecapan nu
> ngajelaskeun
> leuwih rinci ngeunaan maot.  Salah sahijina
> dijentrekeun ku kecap mulih ka jati mulang ka
> asal…dilembur mah ditambah ku sampurna…sampurna ning
> beak lebur papan karo tulis…kasalinan cahya …jeung
> saterusna….  
> 
> Naha ?
> 
> Baheula insan (urang) teh Laa syaian madzkuuran =
> euweuh – lain nanaon nu bisa disebutkeun (Al
> insaan).
> Nya terus dijieun jadi insan jelema make bahan
> nutfah
> bari dibere ruh pangdenge pangdeuleu pangangseu
> pangucap jeung hate. Ahirna dina basa sapopoe di
> sunda
> mah eta kabeh….digolongkeun kana dua hal…kuring
> jeung
> kurung.. jirim jeung jisim..jasmani jeung rohani…
> aya
> jiwa jeung raga…aya nyawa aya badan …tah dina
> waktuna
> balik ka nu maha suci…innalillahi wa innailaihi
> rajiun
> teh..urang sunda nu ngulik..bisa
> nganyahokeun…wanoh…jeung mampuh…ngabedakeun mana nu
> kudu mulih ka jati mana nu kudu mulang ka asal. 
> 
> Lamun nyawa/jiwa/jisim/kuring/ruhani …sing mulih ka
> jati
> lamun badan/raga/jirim/kurung/jasmani…sing mulang ka
> asal
> 
> kumaha cara jeung kanyataanana?
> 
> ------
> III
> 
> Mulih ka jati
> (bagian salajengna insya allah dikintunkeun upami
> pareng)
> 
> 
> Baktosna
> Eddy Nugraha
> 
> 
> 
>             
> 
=== message truncated ===


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


                
____________________________________________________ 
Yahoo! Sports 
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football 
http://football.fantasysports.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke