Baraya,

Kaingetan ku gunem catur "US eleh ku Batak", kuring
aya saeutik pangalaman nu aya patalina jeung urang
Batak. Kabeneran minggu kamari kaparengkeun nganjang
ka tanah batak, tilu poe ngendong di Toba. Ceuk cenah
mah bibit buitna urang Batak teh asalna di wewengkon
eta, pulo Samosir di tengah-tengah danau Toba.

Nu jadi kapanasaran kuring nyaeta perkara ULOS, kaen
tinun has Batak. Numutkeun batur kuring, nu asli
Batak, cenah dina kahirupan urang Batak mah ulos teh
estu ngandung ajen anu kacida gedena. Estuning ayana
ulos teu bisa dipisahkeun jeung ayana Batak. Nalika
urang Batak brol lahir ka alam dunya, si jabang Batak
baris narima hadiah ulos ti indung bapana, jeung
kulawargana. Ieu ulos teh cenah kudu dipupusti nepi ka
maotna. Kitu deui nalika urang Batak rek jatukrami, si
panganten Batak baris narima ulos deui wae. Ulos
pikeun hadiah orok lahir, wanda tinunana lain jeung
pikeun hadiah oleng pnganten.

Naon nu perlu jadi pieunteungeun dina perkara ulos, 
diantarana budaya "mengulosi" geus bisa nyalametkeun  
 tradisi tinun urang Batak. Nepi ka kiwari ulos masih
boga ajen ekonomi. Salian dipake pikeun urusan adat,
oge dipake pikeun urusan silaturahmi jeung seler
sejenna. Misalna, ulos pikeun ngahormat tatamu.
Palebah dieu katoong kumaha tarekah karuhun batak
ngarancang hiji program, produksi ulos, bisa
dipaheutkeun jeung budaya. 

Upama tea mah, urang boga program jiga "ulos", meureun
produksi kaen tinun Majalaya biris mayeng jeung
langgeng nepi ka kiwari. wallahu'alam.

salam,
mh


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


                
____________________________________________________ 
Yahoo! Sports 
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football 
http://football.fantasysports.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke