Usulan ti kang Hendri mah kieu...
-----------
From: Hendri Mulyana <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Tue Sep 30, 2003  9:15 am
Subject: RE: [UrangSunda] Nyitak Buku Kusnet

Kusnet bade nyitak deui buku ?, sae pisan tah Ua. Ngeunaan eusi panginten sae oge nurut kana saran ti Kang Darpan nu sawatara sasih kapungkur kantos usul milah-milah heula jejer nu parantos atanapi bade dipidangkeun. Sapertos kieu jigana :
 
1. Jejer ngeunaan mangpaat pepelakan (CTBLK sareng balad-baladna).
2. Jejer ngeunaan filsafat (seratan Mama ManAr, Kang Tantan sareng balad-baladna),
3. Jejer ngeunaan Sajak, pantun, sareng balad-baladna,
4. Jejer ngeunaan carpon, carbung, sareng balad-baladna,
5. Jejer keom atanapi barakatak sareng balad-baladna,
6. Jejer ngeunaan kahariwang urang nitenan kaayaan lingkungan nu mingkin ruksak.
7. Jejer ngeunaan resep katuangan khas Sunda pleus tempat-tempat eksotis (Sundana ?) di tatar Sunda. Nu ieu mah tiasa janten
    peta wisata jigana...
8. Jrrd
 
Upami tos ngempel, nembe tangtoskeun nu mana heula bade di garap. kirangna naha bade di lengkepan ku tim editor atanapi wangsukeun deui ka forum. hartosna tiasa diayakeun (mun Saur Kang Yaya) mah bulan kagiatan. Tiasa bulan sajak, tiasa bulan nyarpon, tiasa bulan masak ngadongeng pasakan Khas Sunda, tiasa bulan peduli (?) lingkungan, tiasa bulan ngagakgak, tiasa bulan ngaheruk (temana tiasa patah hati atanapi naon bae). Piraku sugan udunan saurang sa seratan wae ge teu cumpon dua ratus lambar mah.
 
Kacipta pan engke teh aya buku seri Kusnet :
 
episode "sajak-sajak tunggara"
episode "masakah eksotik khas Sunda"
episode "lalab rumbah keur kasehatan awak"
episode "ngamumule lingkungan ku sumbang saran jeung aksi nyata"
episode "kumpulan carpon paramitra"
episode "jangjawokan warisan karuhun"
episode "sajarah tempat jeung nami kota di tatar sunda"
episode "udar-ider di tatar sunda"
episode "noongan kabiasaan urang Galuh"
episode "makna pilosofis tina pantangan karuhun urang"
episode "Urang Sunda ngalanglang buana" nu ieu mah tiasa bentukna oto biografi warga babakan nu tos sukses di mancanagara.
 
euleuh geuning mani panjang ngalamun wadul teh.
Nuju rada nyalse pedah sakola parantos jalan, kantun noongan wungkul.
 
Cag ah
---------------------------

On 6/29/05, Yayan Mulyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mangga, nu siap riweuh, cung!

- kandar
- irpan rispandi
-Yayan Mulyana
-
-
-




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke