Sae pisan saurna buah cangkudu teh. Salian kanggo ubar darah tinggi, kanggo panyawat sanesna oge tiasa. Sapertos jantung, rheumatik, kanker, tumor sareng panyawat nu sanesna. Upami teu kiat nuang buahna, jus-na oge ayeuna mah tos seueur nya. Abdi kantos ngaleueut jus cangkudu. Raos, seger. Rasana teh haseum. Mung kahade ieu mah abdi pernah mendak wartos saurna kedah sing taliti kumargi aya oge jus cangkudu anu tos ngandung kadar alkohol kitu?!
Cenah kolot baheula mah buah cangkudu teh sok di rujak. Mung teu acan pernah ngaraosan.
Mangga cobian. Mugia panyawatna enggal damang.
 
 
Neng Iva

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya rerencangan kuring di Depok anu ngadamel "jus
cangkudu/mengkudu", atanapi kapsul cangkudu.
Upami jus cangkudu prosesna teh buah cangkudu
belegedegan disimpen dina hiji tempat tertutup. Tah
engke teh kaluar caina. Cai eta anu dicandak janten
jus cangkudu.

Ari kapsul cangkudu mah didamelna teh tina siki
cangkudu. Siki cangkudu anu tos kolot
dibersihan,digaringkeun ngangge pemanasan dina suhu
anu tos ditangtukeun.Siki cangkudu anu tos bersih
sareng garing dijantenkeun bubuk/serbuk. Bubuk eta
teras dilebetkeun kana kapsul.

Upami bade pesen jus atanapi kapsul cangkudu, mangga
japri wae ka abdi.


baktos,


mrachmatrawyani





           
____________________________________________________
Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football
http://football.fantasysports.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke