Basa poe saptu wik 'n kamari, nyumponan pangajak Kang Oman, kuring & punbojo datang ka Grand Pasundan, hayang nempo seminar "pembangunan jawa barat berbasi budaya sunda" tea.

Samemeh ka seminar, kabeneran ngaliwat ka gedong musium sri baduga, nya nyimpang heula. Teu cara si Apih nu ditagih deui bayaran kanggo kamera, kuring mah berekah, teu dipenta2 acan (nu tugasna saribuk, heuhue). Nya meunang sababaraha jepretan moto koleksi musium. Lumayan eusi musiumna mah, ngan hanjakal dina katerangan koleksina (utamana koleksi arkeologi) teu disebutkeun yen ieu barang teh titinggal jaman anu, kira taun saanu, jadi we teu pati eces. Keur mah eukeur uing teh teu apal, atuh puguh we kaluar ti musium teh loba keneh kapanasaran.

Anjog ka tempat seminar, pas registrasi, rada hemar hemir oge barang nempo aya tumpukan blangko kuitansi, mun seug ditagih bea registrasi tea mah, sigana kajeun bedo, heuheu (maklum bae atuh, tanggal lilikuran kitu...). Tapi geuning nu nampana teu nyarita nanaon, ukur nanya ti mana, mahasiswa sanes? Ceuk kuring teh, bari nulis na daftarna, ti YP. Leos we ka jero, salamet, mani asa longsong... Kusabab datangna telat, kuring teu kabagean biantarana Pa Ayip Rosidi. Barang jol, nu keur cacarita teh Kang Reiza nu medar sarupaning analisis sajarah Sunda (moderatorna Setia Permana, eh, leres kitu?). Inti nu ditekenkeun ku anjeunna, kirang langkungna nyaeta perluna ngawanohkeun & ngamasarakatkeun sajarah Sunda, sahingga urang Sunda reueus ka bangsana. Misalna ngeunaan sajarah tinulis (tertulis), kapan di Nusantara (Indonesia) teh nu pangheulana boga sajarah tinulis teh urang Sunda, jeung kapan nagara munggaran di dieu teh di Tatar Sunda oge.

Dina sesi eta keneh, aya oge narasi ti utusan Cigugur, gaganti Pangeran Jatikusumah, nu medar ngeunaan ajen inajen dina kaadaban Sunda. Resep ku ngagorolangna we kuring mah. Terus nu sejenna, lah loba nu teu katewak eum... komo nu patali jeung masalah kawijakan pamarentah mah, da lain pisan interes kuring, hehe...
Aya oge nu mairan (utusan Subang asana mah), nu nyaritakeun papanggihanana, nyaeta titinggal arkeologis mangrupa candi nu ukuranana leuwih badag batan Borobudur, katambah ku sababaraha tulisan nu marengan eta titinggal. Saurna mah salinanana tos dipasrahkeun ka Mang Ayatrohaedi sina ditalungtik.

Bubuhan nu munggaran ngilu seminar nu kieu, kuring rada kaget oge nempo runtuyan acarana, nu dibuka jeung ditutup ku rajah. Du'a meureun eusina mah, da kuring teu pati eces ngadengena, tapi galindengna mah nyaan ngeunaheun, da make kacapi suling... Terus hiji deui nu kuring ngarasa helok oge, nyaeta nalika "sampurasun-rampes" leuwih tarik batan "assalaamu'alaikum-wa'alaikumsalaam".

Sakitu heula we ah, permios...

jk
harita kuring ngaharewos ka punbojo, hayang nyium pa ayip, nyium leungeunna...


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke