Ahir minggu kamari ngahajakeun ulin ka Brighton, hiji kota di gigir Selat Inggris (English Channel) da kabejakeun panteyna endah cenah. Hayang nepungan Teh Lilies Parish jadwalna teu amprok dan Teteh mah ka Londonna poe Sabtuna cenah. Keun we Teh, sanes waktos panginten.
 
Ngahaja nyesakeun sapoe hususon lungak-longok ka basisir teh. Alus sih... tapi saenyana endahna mah teu punjul tibatan basisir2 di Indonesia. Da basisir teh jieunan alias meunang ngahaja ngurug ku koral leutik, lain keusik alami siga di urang (Pangandaran / Palabuhan Ratu). Ngan nyaeta meunang bersih jeung tartibna we. Iwal ti basisir Putri 7 (Seveb Sisters) nu enya kudu diaku kaendahan jurangna..
 
Di Brighton kaditu kadieu teh dianteur ku mahasiswa S3 Teknik: Teh Siska jeung Mas Kris (Tarsi Kurdi). Ngobrol kaditu kadieu ari sihoreng teh duanana ti Itenas geuning. Ras we ingetna teh ka Mang Jamal. Jadi we najan teu kungsi wawuh langsung ge SKSD (sok kenal sok dekat) we nanya, "kenal teu sareng Pak Jamaludin?".. "Atuh kenal," cenah... antukna mah gara2 eta jadi we teu kararagok ulin bareng teh najan karek kenal harita.
 
Nyata geuning networking UrangSunda teh mangfaatna tinu gede nepi ka nu leutik karasa pisan.. punten MJ "dicatut" namina. heuheu
 
Baktos
y 


--
>> yudi irmawan <<


Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke