prok..... prok..... prok..... sikuring milu krepok sok sanajan ti kaanggangan, pajarkeun teh moal dilaporkeun saur Ua Sas mah, puguh anu ditungguan ku sikuring teh laporan ti Subang, padahal ka hareup mah kusnet sigana bakal leuwih jugala deui sabab ku sabab hukum alamna kitu! teu kitu kumaha atuh Ua di kusnet mah sagala aya sagala sumber daya sadia, sumber daya jalmi anu kapabel dina sagala widang, idealimena luhur bari jeung teu aya pangharepan (gantar kakaitan), tiasa gerak cepat, sareng seueur-seueur deui..., pokona mah upami aya KBS deui tangtos langkung ril karyana kusnet teh. Wilujeng Ua, MJ, sareng sadaya anu ngadukung kana kasuksesan "duta" urang di KBS Subang.
 
Perkawis KBS anu dilaksanakaeun samemeh kamedekaan kantos disinggung, henteu Ua?
 
Marangga atuh baraya, mangga dilajengkeun.
 
Wassalam,
dudi_ss 
----- Original Message -----
From: MSasmita
Sent: Wednesday, June 29, 2005 2:51 PM
Subject: [Urang Sunda] Laporan KBS

1. Hatur nuhun ka Kang Ganjar Kurnia anu parantos "maksa" ka panata calagara KBS VIII supados Kusnet tiasa "manggung" dina ieu KBS.
2. Hatur nuhun ka Kang Dadan Sutisna (Cupumanik) anu kababawa riweuh, mantuan ngahijikeun tulisan sim kuring sareng Mang Jamal janten makalah tug dugi ka kancad kincid kaditu kadieu ngadugikeun naskahna.
3. Hatur nuhun ka Kang Mamat Rachmat Jajakakapaksa nu tos masihan mobil tur parabot sanesna (laptop, alsor/alat sorot merk infocus, layar)
4. Hatur nuhun ka baraya Kusnet sadayana anu parantos ngarojong tur masihan asupan supados didugikeun dina KBS VIII.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke