Ibu Haji
" Make kurudung sauumur asa can pernah aya nu nyebut bu haji ka ibi !"
" Naha nya ibi geus indit kahaji kitu ? Make hayang disebut bu haji sagala !"
" Ari ka mekah mah encan, da can kabedag !"
" Tah ari hayang disebut bu haji mah gampang atuh bi !"
" Kumaha kitu ?"
" Mere duit sarebu ka pangamen, pasti pangamen nyebut kieu, hatur nuhun bu haji !"
 
Tukang Lotek
Jang Adun jadi pasuruh kantor, hiji poe dititah meuli lotek , kaparengan ampir kabeh nu aya dikantor eta naritah meuli lotek.
" Dun, meuli lotekna sabaraha bungkus ?" tanya tukang lotek
" Sapuluh bungkus bi, nu kahiji tandaan make karet beureum, cengekna hiji, ulah amis teuing, make sangu satengah, anu kadua tandaan make karet koneng, kade nu ieu mah resep lada cengekna sapuluh, make lontong, kurupukna pisahkeun, anu katilu tandaan make karet dua, cengekna tilu, sing medok, tong dijeruk nipisan, sanguna hiji satengah, kurupukna dua, anu kaopat ieu mah jeung sekertaris bos, tandaan karet dua tapi meungkeutna silangkeun, tong make paria, kade da keur nyiram jeruk nipisna sing loba, ladana sedeng, rada amis amis aseum, lontongna lima siki, anu kalima,saha nya, aeh enya jang pa, Irwan cengekna lima, sanguna galokeun..........!"
" Heup...heup....heup... ulah diteruskeun , jangar ibi karasa deui !" ceuk tukang     lotek bari nyangsaya dihandapeun meja daganganana, kadua leungeunna nyekelan tarangna.
" Har ari ibi, kumaha ieu teh ?"
" Heueuh sok we ku ujang, ngaladangan sorangan, ibi mah teu kuat jangar !"
 
Jang Adun rarat reret, pamikirna sugan aya tukang lotek salian ti eta anu deukeut, kaparengan deuih suwung.  Atuh kapaksa jang Adun nyieun lotek sorangan, da lamun teu ditedunan mah pisakumahaeun ngambekna urang kantor,  tarohanana bisa dipecat dieta kantor. Sajeroning ngarendos teh tarangna kerung mikiran samara anu dipake, katambah deui nginget nginget deui naon  anu dipesen tadi. Keur anteng nyieun lotek solongkrong aya nu nyampeurkeun, pok ngomong.
" Jang meser lotek tujuh bungkus,nu kahiji tandaan make karet beureum, cengekna hiji, ulah amis teuing, make sangu satengah, anu kadua tandaan make karet koneng, kade nu ieu mah resep lada cengekna sapuluh, make lontong, kurupukna pisahkeun, anu katilu tandaan make karet dua, cengekna tilu, sing medok, tong dijeruk nipisan, sanguna hiji satengah, kurupukna dua.......!"
" Gustiiiiiiiiiiii........!" jang Adun aral, teu karasa belewer rerendos anu keur dicekel teh dibalangkeun, belentrang kana tarang batur.(SR)
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke