|
Salah sahiji hasil kongres Kusnet di
Cupumanik poe minggu tanggal 19 Juni 2005 teh nyaeta rek ngayakeun gawe bareng
antara Kusnet jeung Majalah Sunda Cupumnaik, nyaeta rek nyieun CD nu eusina
diantarana Aksara Ngalagena, Games/kaulinan barudak basa Sunda, ngawanohkeun
Digitalisasi TQBS, Pusaka Sunda, Rusdi jeung Misnem, Wikipedia, YP jste, atuh
teu kaliwat ngawanohkeun web site-na Cupumnaik (hal ieu geus disebutkeun waktu
KBS Subang).
Ancer ancer eta CD teh rek dijadikeun suplemen/
tambahan dina Cupumnaik anu terbit bulan Agustus 2005 ( ceuk Kang Hawe mah
sakalian bari jeung milangkala Cupumanik anu ka 2), bari jeung harga Cupumnaik
moal undak, Cupumnaik boga pancen pikeun ngadistribusikeunana.
Tangtu ieu pagawean teh kudu buru-buru lantaran
waktuna ukur nepi ka tanggal 20 Juli ayeuna, da leuwih ti tanggal 20 Juli 2005
mah bisi ngaliwatan "dead line" terbitna Cupumnaik.
Pikeun mitembeyan prakna ieu gawe utamana-na nyieun
master CD-na tangtuna kudu aya tim kreatif-na, nyieun "auto run" bari jeung kudu
kumaha program tampilan anu kewes pantes pikeun eta CD.
Kukituna sim kuring nyuhunkeun dukunganana utamana
ka baraya Kusnet pikeun:
1. Ngararancang tampilan programna.
2. Mantuan ngaduplikasina anu seueurna
diancer-ancer 600 CD, (pangna mung 600 CD teh disamikeun sareng jumlah
pelanggan maneuh Cupumanik tina tiras Cupumnaik anu 2000an, ditambih ku
pertimbangan waktu sareng biaya, sok sanaos biaya tina kencleng
Perceka).
Ka baraya Kusnet anu di Bandung anu gaduh CD Writer
ngacuuuuung....!!!....eh anu di Jakarta oge deuih...apan Jakarta-Bandung ayeuna
mah mung sajam satengah...!!?
Aya asupan anu sanesna...?
MSasmita
kuncen # 2.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id ---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?> YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Gawe bareng jeung Cupumanik MSasmita
- Re: [Urang Sunda] Gawe bareng jeung Cupumanik oman abdurahman
- Re: [Urang Sunda] Gawe bareng jeung Cupumanik indung peuting
- Re: [Urang Sunda] Gawe bareng jeung Cupumanik salma imas
- Re: [Urang Sunda] Gawe bareng jeung Cupumanik oman abdurahman
- Re: [Urang Sunda] Gawe bareng jeung Cupumanik kumincir
- Re: [Urang Sunda] Gawe bareng jeung Cupumanik Ganjar Kurnia
- [Urang Sunda] Gawe bareng jeung Cupumanik Pituin

