Baraya saalam dunya,
 
Akhir-akhir ieu fenomena "busung lapar" (HO: hongeroedeem) atawa singketna - ceuk urang Sunda mah- "kalaparan" tea geus nerekab meh di sakuliah Indonesia. Laporan koran "Tempo" wedalan 26 Juni 2005 ngeunaan kasus busung lapar atawa kakurangan gizi di Indonesia dicutat di hareup ieu. Taksiran 50% kulawarga di Indonesia ngurangan kamapuhna dina nyukupan kadaharan jeung asupan anu ngandung gizi. Di NTB 10% balita (tina jumlahna anu 500 rewu) ngarandapan gizi goreng. Di NTT 66.685 budak balita ngarandapan hal anu sarua. Di Kabupaten Lebak, Banten, kacatet 248 balita ngarandapan kakurangan gizi kalawan tanda klinis marasmik kwashorkor (teuing naon ieu istilah aheng teh, aya anu terang? kang Dian, manawi?), 567 balita ngalaman gizi goreng tanpa tanda-tanda, 16.470 balita kakurangan energi protein. Pon kitu deui di Cianjur, Jawa Barat. Dilaporkeun di ieu wewengkon (anu baheula kawentar ku beas Cianjurna-manAR) saeutikna 22 ribu balita ngarandapan gizi anu goreng.   
 
Laporan koran "Tempo" ngeunaan data kasus busung lapar ditutup ku padalisan kieu: "Provinsi Gorontalo, Kalimantan Barat, NTT, Aceh, NTB, Kalimantan Selatan, Bangka Belitung, Maluku, Lampung, Kalimantan Tengah, dan Riau mibanda angka statistik gizi goreng jeung gizi kurang, ngaleuwihan rata-rata nasional (10% gizi goreng jeung 45% gizi kurang). Kacindekanana: meh sakabeh wewengkon Indonesia ayeuna keur ngarandapan kakurangan gizi, kaasup di Jawa Barat (conto: Cianjur). Pohara matak nalangsana, alam Nusantara, wewengkon Tatar Sunda (boh dina harti jembar atawa dina harti heureut) anu kamashur subur - ceuk Koes Plus tea mah iteuk jeung batu oge bisa tumuwuh jadi pepelakan - ayeuna keur ngarandapan kalaparan. Aya naon atuh? Naon anu salah dina ngokolakeun nagara? Naon anu geus dirempag dina miara jeung ngalap manfaat tina kabuyutan (lemah cai) tepi ka urang ayeuna ngarandapan akibatna anu sakieu pikahariwangeunana? 
 
Ti heula kungsi aya anu posting ka ieu milist, yen ayeuna urang mangsana (sok sanajan embung oge) "panen" bancangpakewuh akibat polah "urang" salila ieu. "Urang"? Ari "urang" teh saha? kumaha pancakakina "urang" jeung nagara katut ka pamarentahana? Ari "nagara" jeung "pamarentah" saha? Teu kudu lieur, boh "urang", geus komo deui nagara jeung pamarentahanana urang aku bae salah. "Urang" salah sabab kakawasaan aya dina leungeun rahayat (anu diwakilan di dpr/mpr): ku naon atuh dina pamilu urang ngadon milih si eta jeung lain si itu? ah da teu apal, sugan teh. Kunaon atuh teu apal? Da nagara jeung pamarentah ngadagangkeunana ukur si eta, panempo rahayat tea puguh heureut. Ari nagara mah "gaib", hese ditunjuk bungkeuleukanana, anu tetelamah pamarentah. Tangtu bae pamarentah anu boga pancen ngokolakeun nagara (wewengkonna jeung masyarakatna) oge salah. Salah, sabab salila ieu heunteu waspada ngahulag mucunghulna ieu bancangpakewuh Nasional. Kasalahan kawijakan Pamarentah akhir-akhir ieu tambah nyata sanggeus loba laporan-laporan anu ngebrehkeun salah lengkahna ieu pamarentah. Diantarana: tulisan "economi hit-men" tea.
 
Ekonomi Hit-men  ngarupakeun pangakuan salah saurang anu boga lalakon - tangtu bae urang nagara maju- dina ngararancang jeung ngalaksanakeun strategi pangwangunan di nagara-nagara anu karek mekar saperti Indonesia. Singgetna ieu pangakuan nyaeta netelakeun yen nagara adikuasa boga maksud bari jeung prak dilaksanakeun pikeun nyiptakeun gumantungna nagara-nagara anu karek mekar atawa nagara-nagara miskin ka nagara-nagara beunghar. Anu bieu teh dilaksanakan ku cara nyiptakeun hutang anu gede ti nagara-nagara anu can maju (nagara-nagara sasaran), khususna nagara anu ngalaksanakeun (kalawan sadar teu sadar) strategi ekonomi hit-men, ka nagara-nagara anu nyiptakeun ieu strategi ekonomi.  Carana leuwih jauh: di nagara-nagara sasaran-ngaliwatan kasempetan konsultasi, pangaping, hubungan anu deukeut, nasehat atawa-mun perlu-pangancam, ti nagara-nagara maju - diciptakeun proyek-proyek raksasa anu keur rahayat mah teu pati karasa manfaatna. Di dagigireun teu pati manfaat ka jalma loba alias rahayat leutik, ieu proyek teh geus jugala nyiptakeun : hutang nagara anu jadi sasaran (umumna nagara miskin atawa anu can maju) ka nagara-nagara anu mere injeuman modal, karuksakan lingkungan anu pohara, jeung -anu leuwih penting- lunturna daya tahan budaya lokal.
 
Laporan ngeunaan ayana (geus lumangsungna) ekomi hit-men salila ieu (kl 35 taun ka tukang) bisa bae ditatanyakeun bener heunteuna. Tapi, sabenerna geus loba ahli urang anu masih saladar, harita ngagero mere pepeling ka pamarentah jeung balarea ngeunaan tanda-tanda anu sarupa jeung ciri-ciri anu ditataan dina "teori" eknomi hit-men. Ngan, hanjakal, ieu panggero atawa pepeling teh lir ibarat "a cray in the junggle" alias teu dipalire da puguh pamarentah harita keur "cul dog-dog tinggal igel", atuh rahayat keur meujeuhna sieun ku pamarentah anu galak. Urang bisa bae ngaragukeun "teori" ekonomi hitmen, ngan kanyataan nuduhkeun benerna ieu teori.  Tingali bae ayeuna rupa-rupa kajadian di nagara urang anu sakitu matak pikamelangeunana, sebut bae 3 widang anu salilana baris jadi widang tempat urang ngagangtungkeun kahirupan (salian ti sacara hakekat mah ka Pangeran anu ngaping ngajaring salwasna-da pangeran mah teu sare): kadaharan (pangan), cai, jeung energi. 
 
Tingali bae, kakuatan pangan urang nepi ka eyauna teu yakin bisa diandelkeun (ukur dasawarsa 80-an urang bisa swasembada pangan)-buktina: kasus nerekabna busung lapar katompernakeun ieu; cai geus mimiti walurat dimana-mana, banjir usum hujan jeung dangdang rat dina mangsa halodo, kamelang beuki nambahan ku geus ditetepkeunana UU Sumber Daya Air anu mere lolongkrang gede pikeun privatisasi ngokolakeun cai; energi geus ngurangan oge, kasus teu nyukupanana kasadiaan BBM pertamina akhir-akhir ieu salah sahiji buktina. Kaasup energi: gemuk anu werit kaayanana, dina mangsa ngagemuk patani teu weleh cocorowokan teu kabagean gemuk.
 
Kabuktian atawa heunteu ayana economi hit-men, saenya urang salila ieu geus nyieun kawijakan eknomi anu tanda-tandana tur akibatna sarua jeung ieu "teori" eknomi (sabenerna pagaliwota jeung politikna oge). Kumaha cara ngungkulanana? Naon patula-patalina ieu kawijakan-sebut bae ekonomi hit-men-jeung budaya lokal? Kumaha ketak budaya lokal dina nyanghareupan bancangpakewuh akibat eknomi hit-men-upamana dina ngungkulan kalaparan? Hayu urang pikiran ku urang sarerea. Sabab, masing nepi ka iraha bae urang moal bisa leupas tina akar budaya sorangan, sedeng akar budaya anu sejen geus kabuktian loba anu teu cocok jeung budaya urang. Dadaran lulumayanan ti si kuring dina ngawajab pananya anu tadi sugan pareng seja ditepikeun dina postingan saterusna ieu jejer.
 
Cag.
baktosna,
manAR
 
   


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke