Haturan Kang Patwa,
Si kuring keur waktu kuliah mindeng digeuhgeuykeun ku urang wetan, majar teh ngaranna make rumus "yz - xyz" (oman abdurahman), tapi "cuek" bae lah. Malah reueus bae anu aya. Enya, ngaran "Patwa" atawa anu make rumus yz xyz teh nuduhkeun urang sunda, kusabab kitu reueus.
Ngeunaan hurup f, v, x, y, z, kh, sy jeung sabangsana-anu serepan tea-ayeuna geus aya dina aksara Sunda. Tangtos Kang Patwa oge tos uninga, akasara Sunda anu resmi ayeuna sanes "hanacaraka" deui, namung akasara Ngalagena atawa-usulan ti Kang Hidayat Suryalaga (Abah Surya) mah-disebatna "Aksara Ratu Pakuan".
baktos,
manAR
On 7/4/05, Patwa Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres pisan Kang Ndoell, panginten sanes dina serapan basa tapi memang teu aya dina ha na ca ra ka ... na, sapertos nami abdi we sakedapanmah sok aya anu nyeungseurikeun diseratna PATWA NUGRAHA, anu nyeungseurikeun bari naros.. naha hanteu FATWA NUGRAHA, terus ku abdi diwaler.. mustina Ibu langsung terang tur ngartos yen abdi teh urang sunda. terus terang abdimah bangga nganggo hurup "P" kanggo nami abdi PATWA NUGRAHA, kumargi eta hiji buktos yen abdi teh asli URANG SUNDA..hatur nuhun kang.salam baktos,Teh Wita, Teh Kania, Teh Som, (kumaha atuh nyebatna ?)
ditingal tina nami teh, meni nyunda pisan : Sundasari...
wilujeng tepang oge sareng abri..eh abdi, nami Nanang, urang kuningan.
damel mah di jakarta, di pausahaan gaduhna urang Korea, tukang kutak-
ketik, tukang cutat catut...eh catet, babakuna mah tukang ceting.
ari bumi mah di Depok.
Muhun pisan teh, dina basa sunda mah memang teu aya hurup F sareng V.
da saleresna mah...pami dibaca oge, angger we kadanguna mah
teu beda sareng hurup P.
kecap FORUM, pami dibaca ge pan PORUM-PORUM keneh kadanguna..
kecap HURUF, pami dibaca ge pan HURUP-HURUP keneh kadanguna..
da pami diserat ge, biasana dina wacana basa sunda wungkul,
nu maosna ge urang sunda-sunda keneh.
maenya urang sunda nyeungseurikeun urang sunda deui mah.
dina ayana oge, keun wae nu nyengseurikeun mah
tong diemutan teuing, bisi udur..
heu heu heu
nagog deui,
-dul-
--- In [email protected], som witakania < [EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Abdi teh warga anyar di Kusnet. Nepangkeun
> Nami : Witakania Sundasari Som
> Asal : Garut, Jawa Barat
> Alamat : Bandung
> Padamelan : Dosen Unpad Bandung.
> Bieu basa ninggal halaman depan situs teh, abdi maos "PORUM", mani
asa "ateul". Da sakateurang mah "FORUM". Kecuali upami kecap forum
tos diserap kana basa sunda janten porum. Sekedar usul, kumaha upami
istilah anu memang nganggo huruf anu "sesah" teh tetep we diserat
sapertos aslina. Daripada diseungseurikeun batur. Cap teu tiasa F. P,
sareng V teh atuh makin we nempel ka urang.
> Punten bilih aya nu lepat.
> Hatur nuhun
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

