Evaluasi Kagiatan KUSnet di KBS cap Danas

Haturan dulur bin baraya nu mikacinta istri/caroge atawa kabogoh
masing-masing, dimana bae ayana.

Ceuk wartawan PR, Rahim –redaksi rubrik Khasanah PR nu ngaganti Soni Farid
Maulana- kontingen KUSnet teh minangka bentang lapangan Kongres Basa Sunda
VIII Subang. Malah oge disebut penyelamat muka KBS VIII. Pangna kitu,
cenah pedah jejer nu dipidangkeun ku nu sejen –pastina diasongkeun ku
panitia-estuning eta keneh eta keneh alias teu beda ti Kongres samemehna.
Ironisna, Prof. Ayatrohaedi mah cenah, make makalah nu dipake pikeun KBS
VII Garut , 2000. Paingan we atuh lanceukna, Ajip Rosidi embungeun di
undang KBS teh.

Ke nyelang heula:
Kritik uing ka Ajip Rosidi. Alusna mah ulah embung, tapi milu jeung ngajak
nyieun parobahan. Piraku teu narurut, sasat lolobana mah, dina soal umur
jeung jam ngapung, euweuh nu siga Ajip Rosidi nu geus jadi tokoh budaya
nasional RIT. Katokohan Ajip ku Kompas dibukukeun bareng jeung nu sejen
dina seri buku tokoh seni dan profesional, Pribadi-pribadi Pembuka
Cakrawala. (Penerbit Kompas, 2000). Malah pangheulana, da hurup hareup
(inisialna) A. Tapi keun we ketang, sawareh memang geus jadi watek US,
jaradi manuk dadali. Ngapung sorangan-sorangan. Sukurna teh Ajip salian ti
boga parahu pikeun ngawadahan pikiranana (pamedal Pustaka Jaya jeung
Kiblat Buku Utama oge majalah Cupumanik) geus boga gaganti atawa panerus,
sanajan tangtuna teu mirip atawa teu persis, Hawe Setiawan tea nu ayeuna
jadi pemred Cupumanik.

Balik deui  ka jejer uing nulis:
Teu nyangka karuh oge dukungan pikeun naon nu dipidangkeun KUSnet di KBS
cap Danas eta. Tapi meureun kitu soteh bakat ku bakatul, eh salah, bakat
ku sono kanu anyar, nu ugetna beda tapi keukeuh gaya. jadi waktu KUSnet
midang, nya da anyar jeung wandana lain, jadi matak helox.

Basa keur ngobrol soal progam pabukon, si Ua Sas pesen teu kudu aya
upacara siga program pamarentah urang mah. Cukup ku meuli buku, kardusan,
kirim. Hehe. Nya kabayang program pamarentah, aya upacarana, aya serah
terima, jeung sajabana nu seremonial. Lain ngagogoreng pamarentah ieu mah,
da ti baheula oge pamarentah mah goreng. Hahaha.

Maksud uing nulis teh, ngajak terus kanu keur ngeureuyeuh nyieun naon nu
bisa jeung kaburu. Ngajak kanu acan bisa sing bisa, kanu can kaburu, nya
rada sing kaburu. Tapi da balik deui ka diri masing-masing, da daekna make
ukuran rela ikhlas jeung kudu bari sugema (basa uing dipangulinan mah,
kudu bari riang gembira). Ku milu gabung di KUSnet atawa Ki Sunda –duanana
susundaan di internet oge- geus mending. Terus-terang, basa kang Soni Rosa
keur di Bali keneh, si eta remen nelpon uing di Bandung. Teu sieun pulsa
mahal, da ti kantorna. Hehe. Enya, soal program naon bae nu bisa dijieun
KUSnet. Si kuring rumasa sok ngukurna teh ka diri sorangan, asa teu
walakaya mun loba nu kudu disanghareupan bari rada sorangan mah-da puguh
boga dapur nu kudu dikebulan.

Lalampahan kang Soni
Hiji mangsa, kang Soni Wanara ngulampreng ka Bandung. Kabeneran di Bandung
aya Forum Musyawarah Masyarakat Sunda (Formas) nu harita keur baluweung
soal cagub gaganti Nuriana. Malah kabejakeun calon ti PDI-P teh Rudi Harsa
Tanaya, ketua PDI-P Bogor terus PDI-P Jabar. Riuangan Formas gigireun
kantor kang Oman Manar, komplek tukang geol tea, Geologi. Si Kang Soni
ngacung, “Cing atuh mun aya nanaon teh ajakan KUSnet,“pokna. Edun jeung
wanian. Dasar urang Bojong (di dinya teh aya situs Karang Kamulyan,
karajaan Galuh). Nu kailo ku uing harita kieu, “Tuh da si eta mah, nyarita
kitu, isuk ge mulang ka Bali. Tinggal uing jeung nu sejen di Bandung nu
katempuhan…”

Sukur pisan kang Soni pindah ka Bandung. Keur di Bali keneh, kang Soni
kungsi nyieun game nu bahana tina carita novel munggaran uing, Louisiana
Louisiana tea (kanu resep novel, teu acan gaduh, kaci pesen, japri :p.
Tapi harita mah bingung, da novel dewasa, gamean pikeun budak. Geus di
Bandung, kang Soni nyieun game Wanara Kumincir tea. Munggaran
dipresentasikeun di kongress di Cupumanik kamari tea. Game nu make Basa
jeung musik Sunda. Sanajan dina katerangan hadist palsu mah nu kumincir
teh sabangsaning ucing, tapi kaci lah pikeun kang Soni mah. Sihoreng Kang
Soni pisan nu boga sikep hade nu uing era da can bisa. Kang Soni nyarita
ka dirina, “Naon nu uing bisa pikeun miluan ngamajukeun Sunda.” Meureun
kitu jeung kitu we pikiran kang Soni Rosa di Bali. Paingan remen nelpon ka
Bandung.

KUSnet ayeuna geus kabaca baraya utamana LBSS jeung kumna nu boga makalah
KBS jeung nu maca Khasanah PR. sanajan aya katengeunah, sabab makalah
atawa pidangan KUSnet jadi semu ngaleutikeun batur/makalah batur nu
pastina papada diniatan hade pikeun ngahurip hirupkeun basa & budaya
Sunda. tapi eta mah lain niat urang, cara wartawan we nulisna kitu. nya
meureun bakat ku hayang aya nu anyar dina kongres teh.

Lengkah/rencana kahareup
KUSnet tetep saperti ayeuna, ngobrol/ngabako sagala rupa. sabab sagala
rupa eta teh ngawakilan kumaha urang salaku US. eunteung.

Baraya nu keur ngeureuyeuh barangjieun nu patali jeung kasundaan, mangga
lajengkeun-mudah-mudahan dulur nu mantuan-nambah.

kuring keur nyicil balanja buku sakaburuna pikeun pabukon di hiji tepat di
Garut pesenan teh Lies Parish. ke dicandak teh Lies ari mulang ka bdg,
pertengahan Juli ieu asana.

Soal beasiswa, ayeuna usum kenaikan kelas. asup sakola (target barudak
SD). ke urang neangan beja, bener henteu SD haratis? mun henteu nya urang
tuluykeun program Beasiswa pangmayarkeun SPP satauneun barudak SD nu
kolotna teu mampu tea.

7 Agustus 2005 aya sunatan masal di Singaparna, sanaos ieu hajat yayasan
Annisa teh Lies, KUSnet milu reueus sabab aya deui baraya nu icikibung
mantuan baraya, sabisa-bisa

Radio Antassalam rek mere acara pikeun KUSnet, maturan acara Bandrek
Bandung. poho tah tadi peuting pendak si Ua Sas teu ditalek. ongkoh rada
buru-buru, si Ua-na diantosan warga rapat tujuhbelasan. mangga we si Ua nu
salse...hehe

nyitak buku katilu. eusina mah nya serelek urang we deui. dipilihan nu
munelna. mudah-mudahan taun ieu kaburu.

kuring percaya, mun unggal seke seler bangsa maju, ieu nagreg maju oge.

ka sing saha nu bade ngeritik, mangga dihaturanan. tapi wayahna, kedah
sakalian jeung solusina.

sakitu nu kapihatur
nuhun

mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke