Haturan Kang Ganjar, Ua Sas oge sadayana,
Bagja kumayangan, kalintang ageung hartosna ieu patekadan Kang Ganjar pikeun hirup-huripna budaya Sunda, utamana basa Sunda, tos teu kedah dicarioskeun deui (bari jeung dicarioskeun deui bakating ku reueus). Mangga si kuring seja ngadeudeul pikeun prak migaweanana, bade sabaraha bae "ngabakar" (cd writing) bahan anu dimaksud, bade keureuyeuh. Si kuring oge sadia ngagandakeun mah, kabeneran cd writer aya, boh anu napel dina PC di kantor atawa anu bisa leuleumpangan dina laptop. Atuh sababaraha dulur urang anu sayogi pikeun ngagandakeun bahan garapan KUSnet dina wangun cd nuduhkeun seueurna resources atawa sumber daya di KUSnet, kantun ngokolakeunana bae.
Ngeunaan cd writer pangrojong ageung ti Kang Ganjar, si kuring ngiringan pamaksadan Ua Sas, disimpen di Cupumanik. Oge perkara ngagandakeun jeung nyebarkeun ieu bahan sosialisasi garapan KUSnet gawe bareng sareng Cupumanik si kuring ngarojong pisan. Leres, Cupumanik katawis pisan idealismena dina miara jeung ngamekarkeun basa Sunda oge kasundaan. Wilujeng.
Ngeunaan usul Kang Kumincir, si kuring oge sapuk pisan. Memang aya hadena upama KUSnet - Cupumanik ngayakeun sarupa survey heula pikeun ngarampa saha bae anu leres-leres meryogikeun ieu bahan garapan KUSnet kalawan miharep cd-na anu dimaksud. Kucara kitu, ngabagikeun cd bahan anu dimaksud teh tiasa tartib, ngaheulakeun anu leres-leres meryogikeun.
Ngeunaan usulan ti Kang Sony, leres da ayeuna mah geus jamannya komunikasi anu efektif. Tampilan bahan-bahan garapan KUSnet sae pisan upama sakalian digarap samodel tampilan web (auto run). Di KUSnet bawiraos seueur ahli midamel media komunikasi tampilan ti mimiti powerpoint nepi ka auto run-na oge.
Saterasna, pikeun eusining cd ieu, dumasar kapasitas cd anu ageung pisan (upama teu salah kl 600 MB) jeung kasempetan sosialisasi anu rada langka, ieu bahan sosialisasi garapan-garapan KUSnet teh dieuyeuban ku anu sanesna anu diperyogikeun ku saha bae umumna masyarakat. Anggapan urang kedah nyoko kana umumna masyarakat Sunda (sasaran sosialisasi) anu teu acan sadayana terang unak-anik ngoprek internet. Kukituna, eusining cd teh peryogi diringkelkeun kalawan daria nyoko kana udagan komunikasi anu efektif luyu jeung kalolobaana tingkat "daya serep" mitra sosialisasi ieu program.
Manawi bahan katampi, pikeun tetenger bae, mangga ieu usulan teh ringkelan jeung lengkah-lengkahna saperti kieu:
1. Bahan sosialisasi/eusi cd ngawengku 5 hal: 1) ngeunaan hal-hal singget anu perlu dipikawanoh dina komunikasi dunya internet, 3) KUSnet (sajarah, nu ngurus, garapan, profil anggota, paniten, anu dipadungdengkeun, jst) kalawan singget ditutup ku ngiberan milist kasundaan sanesna; 3) (lebet kana garapan/neleban) : 3a) Wikipedia, 3b) Digitalisasi Pustaka Sunda, 3c) Kaulinan barudak; 4) Program sanesna ti KUSnet, 5) program pikahareupeun (halangan akses ka internet jeung cara ngungkulana.
2. Satiap eusi ieu cd tiasa digarap ku anu kapeto ku ais pangampih/ panitia ieu garapan ti KUSnet, kalawan draft aslina (anu teu acan dirarangkenan ku ornamen media komunikasi anu efektif-upamana: tampilan power point anu matak narik pamirsa) diparios heula ku panitia.
3. Saterasna, ieu draft asli anu teu acan diwarnaan jeung diornamenan dikintunkeun ka masing ahli midamel powerpoint + auto run anu kapeto ku panitia/ais pangampih KUSnet, kanggo direngsekeun anu hasilna dikintunkeu deui ka panitia.
4. Ti dinya (lengkah ka 3) nembe urang ngagaduhan bahan cd anu final anu engkena digandakeun ku saha bae anu kapeto.
5. Hasil ngagandakeun dikintunkeun deui ka panitia/ais pangampih KUSnet pikeun disalabarkeun ngalangkungan gawe bareng KUSnet-Cupumanik.
Mudah-mudahan ieu usulan tiasa ngabakian sadaya resources di KUSnet anu aya maksad icikibung dina ieu kagiatan. Ku cara kitu, hal ieu tiasa jadi preseden salah sahiji manfaat milis (tuladaneun gawe bareng ngalangkungan milist/internet). Hapunten bilih ieu usulan teh bilih heunteu sapagodos oge bilih panjang teuing.
baktos,
manAR
On 7/3/05, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Ganjar, hatur nuhun pisan kana pangrojongna, ngeunaan CD kosong sareng CD Writer mah, ceuk sim kuring mah langkung sae di ka Cupumanikeun ( di Cupumanik saur Kang Hawe mah tos aya hiji/ upami teu lepat dina komputer nu sok dianggo ku Dadan aya saena ditambihan hiji deui ), atuh nu hiji deui mah tiasa bae di YP ( di pupuhuna nyaeta di Mang J).Janten kanggo ngaduplikasi CD aya 5 tempat (sementawis), di sim kuring, di Kang Soni, di Cupumnaik 2, di MJ.Kanggo kaperyogian ngaduplikasi CD kantun nyuhunkeun ka Cupumanik, pangna sim kuring nyarankeun disimpen di Cupumanik supados unggal waktos ge aya kumargi Cupamanik mah kantor.Atuh upami baraya Kusnet anu di Jakarta, Bogor, sareng anu sanesna bade ngiring mantuan ngaduplikasi kalintang dipiharepna, kanggo biaya meser CD kosong tiasa tina kencleng YP teu kedah dikintun CD kosong ti BandungKaleresan tadi sonten ka rorompok si kuring aya MJ sareng Kang Soni, nya ngobrolkeun soal eta, kitu deui eusina.Kang Soni tos nyobian ngadamel "auto run" supados CD dilebetkeun teh langsung "run" sareng mucunghul seratan Gawe Bareng Kusnet jeung Cupumanik.Kanggo edisi munggaran mah urang eusian ku Ngalagena-0.3.ttf ditambih carana instalasi, Game basa Sunda, Hasil Digitalisasi, ngawanohkeun Kusnet, rekaman kagitan Kusnet, ngawanohkeun Cupumanik/ web-na.Perkawis video duka tah eta mah teu langkung baraya di Kusnet bae, nu aya di sim kuring mung video waktos peluncuran buku SBJS (gawe bareng sareng Lisenda), waktos tepung lawung sareng Pa Ayatrohaedi ( nu ieu mah garapan baraya Kusnet nu di Jakarta).Ka baraya sadayana, pangna sim kuring ngayakeun gawe bareng sareng Cupumanik teu aya sanes iwal ti kataji ku "idelaisme"na, sapertos anu didugikeun ku pupuhu redaksi Cupumanik waktos kongres kaping 19 Juni 05 tea, teu aya "masturbasi" soal eusi, teu aya jual dedet, sugan we atuh ku ayana gawe bareng ieu tiasa langkung maju dina hal tiras kapayuna.Hususon kanggo Kang Dian Tresna Nugraha anu parantos ngadamel komputerisasi aksara Sunda, sakali deui didieu sim kuring nyuhunkeun widi kanggo diembarkeun ngalangkungan CD anu bade dipigawe, kitu deui ka Kang Sonirosa game basa Sunda (wanara kumincir sareng jeknyeh) nyuhunkeun widi diembarkeun.Perkawis usulan Kang Kumincir soal ngedarkeun CD teh aya saena, nya kanggo langkung selektip sareng supados mangfaat ka anu dipasihanana, urang tingal bae runtuyan pelanggan Cupumanik nu tos maneuh, didinya urang tiasa ngilo naha eta pelanggan teh gaptek atanapi henteu, naha eta pelanggan teh gaduheun komputer atanapi henteu ("underestimate"...?), memang leres upami langsung dikintun ka unggal pelanggan maneuh mah bilih mubadzir.----- Original Message -----From: Ganjar KurniaTo: [email protected] ; kisundaSent: Saturday, July 02, 2005 5:00 PMSubject: [Urang Sunda] CD Writer sareng CD Kosong Kangge Program Kusnet
Kumargi lajuning laku Kusnet sareng Cupumanik mah "justru", pribados seja ngadeudeul kangge ngagaleuh CD kosong sabangsa 1000 siki mah -- kalayan pangaos anu didugikeun ku Kang Roisz; atuh ngeunaan CD writer upami diperyogikeun urang ngagaleuh hiji atanapi dua, mung bade disimpen dimana sareng saha anu bade ngoordinirna -- atanapi urang simpen di Cupumanik?. Ngeunaan eusi, tangtos kedah anu narik sareng tiasa dipraktekkeun langsung, sapertos : aksara ngalagena, pupuh atanapi kaulinan budak tea (tiasa oge diemutan kangge ngadamel videona).Nuhun,
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?>
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

