Ari disuhunkeun mah mangga, insya Allah, eta surat ku sim abdi dicobian disurahan kana basa sunda sepertos nu dimaksad ku TQBS. 'Progress report' na ku abdi bade dikintun/diwartoskeun ngalangkungan Kang MH/Kang Oman
Baktosna Eddy Nugraha --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Oman, Kang Edy, oge baraya sanesna, tadi tos > ditoong di situsna, kaleresan An-Noor teu acan aya nu > ngagarap. Upama Kang Edy aya waktos, mangga pisan > upama akang bade ngagarap tarjamah An-Noor. Malah tong > kapalang, sakalian we atuh sareng sababaraha surat > sejenna. Ngarah tereh rengse. hehehe. > > salam, > mh > > --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Seug Kang Eddy, Kang MH, ke urang usulkeun. Enya, > > keur lantipna mah usulan > > teh urang catet bae dina palebah katerangan Surah > > An-Nur. Aya saena upama > > Surah An-Nur dina TQBS ditarjamahkeun ku Kang Eddy. > > Sakaliam ngagerentes lebah dieu, si kuring inget > > pedaran Kang Eddy ngeunaan > > salah sahiji harti "kabuyutan" anu patali jeung > > kecap "bayt" dina basa Arab. > > "Fi buyuutikum adzina lahu...jst" sigana bisa oge > > dibere catetan ku jejer > > kabuyutan. Saheunteuna, nuturkeun tafsiran ieu, aya > > 3 harti "bayt" atawa > > "kabuyutan" (sababaraha posting ngeunaan hal ieu > > kungsi dialungkeun ka > > milist). > > Kahiji , kabuyutan anu ngarupakeun pasini purba > > (catetan keur ayat anu > > nyaritakeun geus pasinina sakabeh manusa di alam > > sulbi, ayat "alastu > > birobbikum, balaa, syahidnaa" tea, mun teu salah > > ingetan dina surah Al > > A'raf). Kadua, kabuyutan dina harti imah, bill > > khusus: rumah tangga > > (kalintang seueurna ayat Al Qur'an anu netelakeun > > papagon ngeunaan rumah > > tangga). Anu katilu, kabuyutan dina harti lemah cai > > (jeung budayana) nyoko > > kana surah Al Hujurot, surah Ar Ruum (dzhoharol > > fassad fil barri wal bahri) > > jeung rea-rea deui ayat Al Qur'an ngeunaan > > lingkungan. > > Cag heula, > > baktos, > > manAR ____________________________________________________ Yahoo! Sports Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football http://football.fantasysports.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

