******************************
Kalayan nyebat asmana Alloh!
Kum bae baraya Babakan... Haturan!
Hapunten, dicandak enggalna bae ...
Alhamdulillah baraya, PS nu sarewu kaca teh parantos
rengse di"scan". ku kituna sim kuring usul..... kumaha
kanggo ngalajuninglakukeun garepan PS sangkan tiasa
tartib lantip, reujeung deui supados Mang Ha na teu
pati abot dina ngokolakeun ieu PS teh, kumaha upami
urang amparkeun bae hancaan eta teh dina rohangan nu
misah ti Babakan (conto na
[EMAIL PROTECTED]). Tah saparantosna
rengse di ketik ulang ku balad KUSnet nembe urang
kintunkeun ka Mang Ha pikeun dilebetkeun ka jalaloka
KUSnet sangkan kaaos ku balarea.
Urang kereuyeuh bae, papaitanna mah saurang kapancen
ngarengsekeun sakaca dina wates-mangsa saminggu.
Kukituna pami aya kapanujuan ti baraya, keun ku kuring
nek di kordinir sing saha bae nu saenyaan aya kareueus
kana Kasundaan, khususonna mah pikeun kamajengan ieu
Babakan.
Tah kumaha pamendak bapa-bapa tukang kalapa, ibu-ibu
tukang lebu, baraya tukang buhaya???
Tansah,
-pun adi-
******************************
__________________________________
Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour:
http://tour.mail.yahoo.com/mailtour.html
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/