|
Sababaraha sasih kapengker di Republika (mun teu
lepat) aya kintunan ti Abidin Aslich urang cirebon, dines di kebudayaan anu teu
resep ka Sunda, margina anjeuna urang cirebon teh sok dianggep sunda, padahal
basa, budaya, jrrd-na benten, harita anjeuna mengecam salah sahiji seratan dina
perkawis kasundaan, ngan hanjakal anjeuna teu nyerat lengkep naon eusina, rupina
hal-hal sapertos kieu kedah aya pendekatan fisiologis supados ulah aya
pacengkadan wargi sasami tatar sunda, kantos sim kuring nalika jarah ka Sunan
Gunung Jati harita mah keur pinuh pisan pasesedek, rupina aya hiji jalmi urang
cirebon teu kahaja kadupak, lajeng nu ngadupakna nyarios sunda, eta urang
cirebon nyarios kieu "dasar orang sunda..........", duh gusti ngajerit pisan
hate abdi keur harita. Keur perbandingan di Serang, Banten oge masyarakatna
seueur nu nyarios siga basa cirebon, nanging di dieu mah teu aya slogan-slogan
nu anti sunda, contona upami jiarah ka masjid agung, banten, pangurus masjidna
nu basana jawa, upami terang aya pejiarah ti daerah sunda sapertos bandung,
tasik, komo pandeglang mah, manehna oge mani sae nyarios sunda.
Wassalam
|
- RE: Basa Serang Re: [Urang Sunda] Usulna abdi ka saderek ura... Lukman Hakim
- RE: Basa Serang Re: [Urang Sunda] Usulna abdi ka sadere... bigguy
- Re: Basa Serang Re: [Urang Sunda] Usulna abdi ka sadere... Gunawan Yusuf
- RE: Basa Serang Re: [Urang Sunda] Usulna abdi ka sadere... Lukman Hakim

