Assalaamualaikum,
Baraya, manawi aya nu gaduh, simkuring hoyong asma'ul husna dina basa
Sunda nganggo kekecapan nu pas. Salasahiji halangan dina narjjamahkeun
teh nyaeta masalah asma'ul husna, Alloh Maha.... kadang sok susah
neangan kecap nu sawanda...
Di handap ieu tarjamah surat at-Taghaabun, tapi asa-asa loba pisan nu salah ieu teh...
Nyanggakeun,
jk
AT TAGHAABUN (HARI DINAMPAKKAN KESALAHAN-KESALAHAN/POEAN DITÉMBONGKEUNANA KASALAHAN)
SURAT KE 64: 18 Ayat.
Dengan menyebut nama Allah Yang Maha Pengasih lagi Maha Penyayang
Kalawan nyebut asma Alloh nu Mahaasih tur Mahawelas
$ # k KESALAHAN-KESALAHAN MANUSIA AKAN DINAMPAKKAN ALLAH PADA HARI KIAMAT/KASALAHAN MANUSA BAKAL DITEMBONGKEUN KU GUSTI ALLOH DINA POE KIAMAT
(64:1)
Bertasbih kepada Allah apa yang ada di langit dan apa yang ada di bumi; hanya Allah lah yang mempunyai semua kerajaan dan semua pujian, dan Dia Maha Kuasa atas segala sesuatu.
Ngarucapkeun tasbih ka Alloh sakur nu aya di langit jeung di Bumi; ngan Alloh nu ngawasa sadaya karajaan jeung sadaya pujian, sarta Anjeunna Mahakawasa kana sagala rupa.
(64:2)
Dia-lah yang menciptakan kamu maka di antara kamu ada yang kafir dan di antaramu ada yang mu'min. Dan Allah Maha Melihat apa yang kamu kerjakan.
Anjeunna nu nyiptakeun maranéh, mangka aya di antara maranéh nu kapir jeung nu mu'min. Jeung Alloh ningal kana naon rupa lampah aranjeun.
(64:3)
Dia menciptakan langit dan bumi dengan haq. Dia membentuk rupamu dan dibaguskanNya rupamu itu dan hanya kepada Allah-lah kembali(mu).
Anjeunna nyiptakeun langit jeung Bumi kalawan haq. Anjeunna nyieun sarta mapaés rupa aranjeun sahingga aralus, jeung ka Alloh geusan pibalikeun (anjeun).
(64:4)
Dia mengetahui apa yang ada di langit dan di bumi dan mengetahui apa yang kamu rahasiakan dan yang kamu nyatakan. Dan Allah Maha Mengetahui segala isi hati.
Anjeunna uninga naon-naon nu aya di langit jeung di Bumi sarta uninga kana naon-naon nu jadi rusiah atawa nu dikedalkeun ku anjeun. Sarta Alloh Mahauninga sagala eusi haté.
(64:5)
Apakah belum datang kepadamu (hai orang-orang kafir) berita orang-orang kafir terdahulu. Maka mereka telah merasakan akibat yang buruk dari perbuatan mereka dan mereka memperoleh azab yang pedih.
Naha can datang kitu ka maranéh (hé jalma-jalma kapir) iber ngeunaan jalma kapir baheula? Mangka maranéhna geus ngarasakeun balukar goréng alatan laku lampah maranéhna, sahingga maranéhna nampa siksa nu peurih.
(64:6)
Yang demikian itu adalah karena sesungguhnya telah datang kepada mereka Rasul-Rasul mereka membawa keterangan-keterangan lalu mereka berkata: "Apakah manusia yang akan memberi petunjuk kepada kami?" lalu mereka ingkar dan berpaling; dan Allah tidak memerlukan (mereka). Dan Allah Maha Kaya lagi Maha Terpuji.
Nu kitu téh kusabab saéstuna geus datang ka maranéhna rosul-rosul nu mawa katerangan-katerangan, laju maranéhna nyarita, "Nu réh méré pituduh ka kuring sakabéh téh manusa?" laju maranéhna ingkar jeung maléngos. Alloh teu butuh (ku maranéhna), sabab Alloh mah Mahabeunghar jeung Maha Kapuji.
(64:7)
Orang-orang yang kafir mengatakan bahwa mereka sekali-kali tidak akan dibangkitkan. Katakanlah: "Memang, demi Tuhanku, benar-benar kamu akan dibangkitkan, kemudian akan diberitakan kepadamu apa yang telah kamu kerjakan." Yang demikian itu adalah mudah bagi Allah.
Jalma-jalma kapir nyebutkeun yén maranéhna moal pisan-pisan dihudangkeun deui. Sok ucapkeun, "Mémang, demi Sesembahan abdi, bener-bener anjeun bakal dihudangkeun, laju dibéjakeun ka aranjeun naon baé nu geus dipilampah." Nu kitu mah gampang pikeun Alloh.
(64:8)
Maka berimanlah kamu kepada Allah dan Rasul-Nya dan kepada cahaya (Al-Quraan) yang telah Kami turunkan. Dan Allah Maha Mengetahui apa yang kamu kerjakan.
Mangka geura iman maranéh ka Alloh jeung rosul-Na, sarta ka cahya (al-Qur'an) nu geus diturunkeun ku Kami. Jeung Alloh Mahauningan sagala lampah anjeun.
(64:9)
(Ingatlah) hari (dimana) Allah mengumpulkan kamu pada hari pengumpulan, itulah hari dinampakkan kesalahan-kesalahan. Dan barangsiapa yang beriman kepada Allah dan beramal saleh, niscaya Allah akan menutupi kesalahan-kesalahannya dan memasukkannya ke dalam jannah yang mengalir di bawahnya sungai-sungai, mereka kekal di dalamnya. Itulah keberuntungan yang besar.
(Sing inget) poéan Alloh ngumpulkeun maranéh dina poéan pangumpulan, éta téh poé ditémbongkeunana kasalahan. Jeung sing saha nu iman ka Alloh jeung milampah kahadéan, tangtu Alloh bakal nutupan kasalahanana sarta ngasupkeun maranéhna kana sawarga nu di handapna ngalir wahangan, maranéhna di dinya salilana. Nu kitu kauntungan nu badag mah.
(64:10)
Dan orang-orang yang kafir dan mendustakan ayat-ayat Kami, mereka itulah penghuni-penghuni neraka, mereka kekal di dalmnya. Dan itulah seburuk-buruk tempat kembali.
Sedengkeun jalma-jalma nu kapir jeung ngabohongkeun ayat-ayat Kami, maranéhna pangeusi naraka, maranéhna di dinya salilana. Nu kitu téh pangbalikan panggoréngna.
$ # k HATI-HATILAH TERHADAP KEHIDUPAN DUNIAWI/SING ATI -ATI DINA NGAMBAH KAHIRUPAN DUNYA
(64:11)
Tidak ada suatu musibah pun yang menimpa seseorang kecuali dengan ijin Allah; dan barangsiapa yang beriman kepada Allah niscaya Dia akan memberi petunjuk kepada hatinya. Dan Allah Maha Mengetahui segala sesuatu.
Taya hiji musibah gé nu tumiba ka hiji jalma iwal kalawan idin Alloh; jeung sing saha nu iman ka Alloh, tangtu Anjeunna bakal maparin pituduh kana haténa. Jeung Alloh Mahauninga sagala rupa.
(64:12)
Dan ta'atlah kepada Allah dan ta'atlah kepada Rasul-Nya, jika kamu berpaling sesungguhnya kewajiban Rasul Kami hanyalah menyampaikan (amanat Allah) dengan terang.
Jeung sing nurut ka Alloh katut rosul-Na, mun manéh teu nurut, satemenna rosul Kami mah ukur mangnepikeun (amanat Alloh) sajéntréna.
(64:13)
(Dia-lah) Allah tidak ada Tuhan selain Dia. Dan hendaklah orang-orang mu'min bertawakkal kepada Allah saja.
(Anjeunna) Alloh nu taya sembaheun anging Anjeunna. Lajeng pék jalma-jalma mu'min sing tarawakal ukur ka Alloh.
(64:14)
Hai orang-orang mu'min, sesungguhnya di antara isteri-isterimu dan anak-anakmu ada yang menjadi musuh bagimu [1480] maka berhati-hatilah kamu terhadap mereka dan jika kamu memaafkan dan tidak memarahi serta mengampuni (mereka) maka sesungguhnya Allah Maha Pengampun lagi Maha Penyayang.
Hé jalma-jalma mu'min, saéstuna di antara pamajikan-pamajikan jeung barudak maranéh aya nu jadi musuh pikeun maranéh [1480], mangka sing ati-ati ka maranéhanana. Mun maranéh ngahampura, teu nyarékan, jeung méré ampun (ka maranéhna) mangka saéstuna Alloh Maha Méré Ampun jeung Mahawelas.
(64:15)
Sesungguhnya hartamu dan anak-anakmu hanyalah cobaan (bagimu), dan di sisi Allah-lah pahala yang besar.
Saéstuna rajakaya jeung barudak maranéh téh ukur cocoba, pahala nu badag mah aya di Alloh.
(64:16)
Maka bertakwalah kamu kepada Allah menurut kesanggupanmu dan dengarlah serta ta'atlah dan nafkahkanlah nafkah yang baik untuk dirimu [1481]. Dan barangsiapa yang dipelihara dari kekikiran dirinya, maka mereka itulah orang-orang yang beruntung.
Mangka sing tarakwa maranéh ka Alloh luyu jeung kamampuh maranéh, jeung déngékeun sarta sing taat, jeung geura napkahkeun nu hadé pikeun maranéh [1481]. Sing saha nu dipiara tina sipat pedit, tah maranéhna éta jalma-jalma nu aruntung.
(64:17)
Jika kamu meminjamkan kepada Allah pinjaman yang baik, niscaya Allah melipat gandakan balasannya kepadamu dan mengampuni kamu. Dan Allah Maha Pembalas Jasa lagi Maha Penyantun.
Mun maranéh nginjeumkeun ka Alloh iinjeuman nu alus, tangtu Alloh males kalawan manglipet-lipet sarta méré ampunan ka maranéh. Alloh nu Maha Males Jasa sarta Maha Barang Béré.
(64:18)
Yang mengetahui yang ghaib dan yang nyata. Yang Maha Perkasa lagi Maha Bijaksana.
Nu uninga nu goib jeung nu nyata, nu Mahagagah jeung Mahawijaksana.
# [1480] Maksudnya: kadang-kadang isteri atau anak dapat menjerumuskan suami atau ayahnya untuk melakukan perbuatan-perbuatan yang tidak dibenarkan agama.
Maksudna: kadang pamajikan atawa barudak bisa ngagubruskeun salaki atawa bapana kana laku lampah nu teu diwenangkeun ku agama.
# [1481] Maksudnya: nafkahkanlah nafkah yang bermanfaat bagi dunia dan akhirat.
Maksudna: sok napkahkeun kanu mangpaat dunya ahérat.
Pada surat At Taghaabun Allah memberi peringatan kepada kaum musyrikin tentang azab yang ditimpakan kepada umat-umat sebelumnya dan memberi hiburan kepada Nabi bahwa keingkaran orang-orang kafir itu tidak akan mendatangkan kemudaratan kepadanya.
Dina surat at-Taghaabun Alloh maparin pépéling ka kaom musyrik ngeunaan siksa nu ditimpahkeun ka umat-umat baheula sarta maparin pangbeberah ka Nabi yén mungkirna jalma-jalma kapir moal ngadatangkeun kagoréngan pikeun anjeunna.
HUBUNGAN SURAT AT TAGHAABUN DENGAN SURAT ATH THALAAQ/HUBUNGAN SURAT AT-TAGHAABUN JEUNG SURAT ATH-THALAAQ:
Dalam surat At Taghaabun diterangkan bahwa diantara isteri-isteri dan anak-anak ada yang menjadi musuh, dan permusuhan antara suami dan isteri mungkin membawa kepada perceraian (talaq), maka dalam surat Ath-Thalaaq diterangkan hukum-hukum talaq secara ringkas.
Dina surat at-Taghaabun dijéntrékeun yén di antara pamajikan jeung barudak bisa baé aya nu jadi musuh, sedengkeun mumusuhan antara salaki jeung pamajikan kadang ngabalukarkeun talak. Dina surat ath-Thalaaq diécéskeun ngeunaan hukum-hukum talak kalawan ringkes.
$ KESALAHAN-KESALAHAN MANUSIA AKAN DINAMPAKKAN
# KESALAHANMANUSIAAKANDINAMPAKKAN
k KESALAHAN-KESALAHAN MANUSIA AKAN DINAMPAKKAN
$ HATI-HATILAH TERHADAP KEHIDUPAN DUNIAWI
# WASPADALAHTERHADAPKEHIDUPANDUNIAWI
k HATI-HATILAH TERHADAP KEHIDUPAN DUNIAWI
# 1480
# 1481
$ PENUTUP
# PENUTUP064
k PENUTUP
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

