Assalamualaykum .. euleuh... meni abot alias beurat kieu usul teh ;D
Sae usul teh. Mung kangge lebetan pamendak kanggo disawalakeun ku sadaya (musyawaroh tea), keur abdi mah henteu sapagodos kana usul Teh Erina tea. Sanes nanaon, zaman kiwari teh zaman informasi tea ceuk nu pinter mah. Janten informasi mah penting we sok sanajan informasi nu teu sabaraha atanapi nu teu 'pikaresepeun'. Ageungna mah pikeun ngalatih urang janten "pangolah informasi" nu efisien. Panginten nyata kabuktos kaputusan dumasar info nu langkung lengkep biasana langkung 'akurat'. Sareng deui sanes politik sareng ekonomi teh bagean tina kabudayaan dina hartos nu jembarna? Teu acan deui kadituna budaya (dina hartos heureut: seni/adat) oge kapangaruhan ko ekonomi sareng politik. Sakitu pamendak jisim abdi, mugia katampi. Mung upami musyawarah baraya sadaya di Kusnet nangtoskeun nampi usul Teh Erina, nya sami'na wa atho'na atuh kumargi tangtos niatna oge kangge kasaean. Mangga, hapunten sadaya luput catur lepat ucap.. baktos wassalamaualaykum y --- In [email protected],<[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamu alaikum > Karenanya, alangkah baiknya; bila milis urang sunda ini, dijauhkan dari informasi politik, ekonomi dan sejenisnya. > Tetapi(milis urang sunda) murni untuk media silaturrahim antar urang sunda( maupun bukan sunda) yang ikut bergabung. > Demikian usul saya. > Salam saduluran "hidup urang sunda". Jaya selalu, bersama budaya kita (sunda) > > wassalam. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

