Punten, ari icikibung teh naon hartina..??
sim kuring teh janten asa isin.. ngaku2 urang sunda
tapi mun ningal didieu mah, geuning basa sunda teh 
seueur pisan kosakatana.

eh, hapunten sim kuring teu acan nepangkeun, wasta mah
ivan, ayeuna teh damel di jakarta, tapi asli ti garut.
nembe kamari ngiring ka ieu milis teh, kenging terang
ti milis na urang garut.

hatur nuhun, wassalam.


--- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Mangga kalebet kang Iman. Eta meni alus basa
> sundana, resep macana oge najan 
> panjang ngabebay. kabita euy. Nepangkeun oge sim
> kuring durahman. Urang 
> Cirebon. Ayeuna didamel di jakarta.
> 
> Mangga dilajengkeun.
> 
> -- 
> wasalam,
> DURACHMAN
> ----------
> Email dijieun make KMAIL. Sistem operasi [linux]
> SimplyMepis
> On Tuesday 05 July 2005 10:01, Iman Firmansyah
> wrote:
> > Assalamu alaikum wa rohmatullohi wabarokatuh
> >
> > Hapunten kahatur ka saderek sadayana, sim kuring
> seja icikibung dina
> > ieu kempelan. Ku kituna, nepangkeun sim kuring
> wasta pun Iman
> > Firmansyah Anggayudha, ari galibna baraya mah
> nyaur abdi cekap ku Iman
> > wae... Ari sarjana na mah sumuhun, namung perkawis
> pacabakan mah
> > kaleresan, nya kitu tea, teuacan aya anu tetep,
> alias naon wae nu
> > baseuh ku sim kuring dicabak... kahartos panginten
> ku para saderek oge.
> > Rorompok sim kuring teuacan gaduh, masih keneh
> ngiring ngiuhan di
> > saungna pun sepuh di Jl. Caringin No. 79/192C RT
> 07/13 Bandung 40222.
> > Telepon 022-6078654. Saderek tiasa oge ngebel kana
> HP 085220534934.
> > Anapon yuswa, sim kuring teh gening tos 29 taun,
> kalebet kana jajaran
> > nonoman anu sakedahna mah tos teu atah deui. Tapi
> da kumaha, dugi ka
> > danget ayeuna oge raraosan teh asa budak wae...
> > Ngenaan status, Alhamdu lillah sim kuring parantos
> nikah sataun anu
> > kapengker, mung ari bati mah kaleresan teuacan
> dipasihan. Panginten
> > kedah rada getol dina ngaikhtiaranana.
> > Sapagodos sareng Kang Dadang Rukanta, asa mobok
> manggih gorowong barang
> > terang aya situs urang-sunda anu saleresna mah
> diantos pisan ayana ku
> > sim kuring.
> > Sumuhun pisan saderek, urang teh ari ngangken mah
> urang Sunda, tapi ari
> > babasaan pacampur kaditu kadieu, komo teh teuing
> kana seni, budaya tur
> > sajarah tatar-indung, deuh.. pimanaeun kana tiasa
> ngajembarkeun, dalah
> > nu uninga oge mung tiasa kaetang ku ramo. Tah ku
> ayana ieu situs, mugia
> > wae sing janten hiji dayaning upaya kana miara tur
> nanjeurkeun basa,
> > budaya tur duduluran urang. Da ieu mah teu kalebet
> kana primordialisme,
> > mangga Saderek emutan pidawuh para inohong bangsa
> yen ari jembarna
> > budaya daerah teh justeru tiasa ngajembarkeun
> budaya nasional, sanes
> > kitu!?
> 
> 



                
__________________________________ 
Yahoo! Mail 
Stay connected, organized, and protected. Take the tour: 
http://tour.mail.yahoo.com/mailtour.html 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke