Tiasa ka Gramedia, atanapi ka Kiblat BUku Utama jl. karawitan 46 bdg... bade ka abdi ge mangga..
ANAK JADAH (kumpulan carpon Cecep Burdansyah) Ieu pangarang jigana rada kaobsesi ku gagasan-gagasan kritis tur inovatif ngeunaan masalah-masalah nu aya dina kahirupan masarakat di sakurilingeun dirina. Di leuweuh sastra Sunda mah carpon-carpon nu "nembrakkeun gagasan" cara nu ditulis ku Cecep teh kawilang langka. Mun tea mah aya nu pirajeunan hayang neangan naon nu jadi ciri nu mandiri atawa kakuatan tina carpon-carpon Cecep, bawirasa, salah sahijina mah nyaeta kecenderunganana nembongkeun concern kana gagasan. (Hawe Setiawan) Pangaos Rp 14.500,- (Kiblat) ANAKING JIMAT AWAKING (Wahyu Wibisana) Anaking Jimat Awaking midangkeun runtuyan karangan beunang Wahyu Wibisana anu jejerna museur kana tingkah paripolah barudak. Nu kapidangkeun teh kawas albeum poto nu ngagambarkeun kahirupan sapopoe hiji kulawarga. Kawantu nu ngarangna kasebut panyajak lirik, tur nu disawangna teh anakna pisan, puguh bae karanganana jadi ngagalindeng lir lagu nu metot ka jero kalbu. Nu ngarang kawas ngajak ngeunteung bari ngimpleng. Aoseun sugri nu mikacinta sastra Sunda enggoning nilik dirina pribadi katut jagat leutik di sakurilingna, anu kongkrit tur ngajanggelek dina kahirupan sapopoe. (Hawe Setiawan) Pangaos Rp 10.000,- --- In [email protected], abah kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Dimana (di Bandung) tiasa ngagaleuh buku2 Sunda sapertos carpon atanapi 'novel'? Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

