AYANG-AYANG GUNG (Petikan Surat-surat 1980-1986) "Surat-surat Ajip Rosidi dina buku ieu ngajak urang (umat Islam) ngoreksi diri (muhasabah), ngahudangkeun kasadaran (ay-yaqzah) jeung ngomean kaayaan nu salah (at-taubah), ngaliwatan mental nu kuat ku kawani, pikir nu masagi ku wawasan, sarta tanaga nu nyukupan ku kawisesaan." --- H. Usep Romli H.M
Pangaos Rp 55.000,- -------------------------------------------------------------------- BEBER LAYAR Ieu buku eusina dua welas karangan nu tadina mah bacacar di sawatara surat kabar jeung rohangan seminar. Disusun sarta diumumkeun ku Ajip Rosidi dina taun-taun 1950-an nepi ka 1960-an, mangsa ieu pangarang keur "dedegler" keneh. Karanganana remen karasana peureus, togmol, tapi tetep rasional sarta proporsional. Demi anu jadi jejerna taya lian iwal ti pirang-pirang perkara penting di sabudeureun sastra Sunda sabada perang. Ajen ieu buku babakuna patali jeung tarekah Ajip enggoning ngabaladah tradisi kritik sastra Sunda, ku jalan nandeskeun sarta ngelingan rehing sastra Sunda geus wayahna kudu miboga "dasar-dasar kasadaran anu leuwih tohaga", sabab cenah "jaman nyastra sasambilan atawa jaman sasastraan geus kudu ditinggalkeun". Pangaos Rp 16.000,- -------------------------------------------------------------------- HURIP WARAS! (Dua Panineungan) "Bari ngulik sastra, katembong Kang Ajip nuturkeun jeung ngabandingkeun kahirupan masarakat sabudeureunana, kaasup kahirupan jeung masalah bangsa katut nagarana. Dina umur 18 taun Kang Ajip geus milu mikiran nasib masarakat jeung lemah caina anu keur nyanghareupan rupa-rupa masalah anu pakuat-pakait jeung kahirupan kamasarakatan, kabudayaan, jeung kanagaraan." --Edi S. Ekadjati Pangaos Rp 31.000,- -------------------------------------------------------------------- UCANG-UCANG ANGGE (Panineungan Ajip Rosidi) Lain wae kudu dideudeul data anu akurat, tapi deuih kudu panjang ingetan. Heueuh, mun urang aya karep nulis memoar, boh ngeunaan peristiwa boh ngeunaan kahirupan sajumlahing tokoh; kawas anu dipidangkeun dina ieu buku. Hamo bisa mun ukur ngandelkeun data meunang ngalelebah mah, komo mun bari geus loba poho. Dina ieu buku hadir rupa-rupa tokoh baradag anu kungsi ngajungkiring dina jamanna, ditulis ngaliwatan panyawang Ajip Rosidi. Aya Dayat Hardjakusumah, Affandi, Doddy A. Tisnaamidjaja, Akil Prawiradiredja, H.B. Jassin, jeung sawatara tokoh lianna. Memang, anu diebrehkeun di dieu teh henteu sagemblengna tina lalakon hirup anu karandapan ku eta para tokoh, tapi bagian-bagian penting anu bisa jadi can loba kaungkab. Pangaos Rp 32.500,- Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

