Abdi teu patos apal ka pak hermah teh, tapi gaduh bongbolangan sakedik ngeunaan anjeuna. Pak herman cenah mah kawitna ti sumedang.Mun ditingali pak herman jalma anu ceplas ceplos, jalma anu kritis/tukang ngoreksi. Dikenal provokator sabab ku ceplas ceplosna jadi aya sebutan Prov. Provokator. Ku sabab kritisna kitu jadi kaasup ka urang sunda "terkesan" teu resepen. Terakhir kagiatanana kiwari teh saurna sok campur jeung kelompok anu disebutkeun kelompok ekstrimis saperti Majelis Mujahidin Indonesia (MMI). Malahan kaluar ti partai PAN cenah saurna PAN kurang islami. Tapi sok sanajan kritis atawa ceplas ceplos tapi katingalina demokratis, terbuka. Mun salah ngaku salah. Pak herman mun ngritik tara ka urang sunda wae, ka sasaha ge kitu. Satingkat Agum Gumelar, Amin Rais atawa Nuriana ge meunang kritis. Jeung mun ngoreksi teh cenah tara euleum2. Tapi urang salaku anu dikoreksi, anggap bae ieu teh panggeuing, pangecut. Sae kuduna mah aya jalma anu ngageuing soalna mun teu aya anu ngageuing urang mongtoyod ngarasa bener,gede jeung maju. Meureun pak herman ningali dina sagala bidang kahirupan teh saperti bidang ekonomi, politik atawa dina bidang kabudayaan urang sunda henteu nyongcolang kaluhur, jiwa kapamingpinanna teu aya/lemah.Duka ieu teh aya pangaruh sejarah dijajah ku mataram jadi aya mental terjajah. Memang aya saat tertentu urang sunda anu ahli hukum internasional misalna Mukhtar Kusumaatmaja, atawa budayawan Ayip Rosidi. Tapi eta teh masih eleh lamun dibandingkeun ku kamajuan anu sejen. Cenah kalolobaanana urang sunda mun geus aya "diluhur" sok poho ka urang sunda, tapi palebah aya butuh sok nyalindung ka urang sunda. Jiwa kapamingpinan dina rasa, rumasa jang ngagedekeun kasundaan teh teu katingali aya lengkahna, aya tapakna. Contohna Agum Gumelar anu malahan ngagedekeun Srimulat ceuk cenah jadi penasehatna. Tapi ari kana Mis. Cicih perhatianana kurang malah teu aya cenah. Salah sahiji sipat umum urang sunda nyaeta derehdeh jeung someah.Tapi sikap mental ieu mun henteu diimbangi jeung sikap anu lain misalna ambisius, wanian, keras, jsjb malahan jadi bumerang. Derehdeh "mangga sok" mun aya pasoalan, pami ditungtut kana jiwa kapamingpinan teh sok siga "mangga ah tipayun" atawa "mangga ah abdi mah ngiringan ti pengker". Hasilna ayeuna anggota DPRD Jabar kalolobaanana lain urang sunda. Cekap sakieu bae. Pami aya basa kirang merenah atanapi aya basa anu raheut kana manah neda dihapunten.
Neng Iva --- In [email protected], jaka ekalaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Alhamdulillah, > > Kumaha pami urang kempel we, nyieun hiji padungdengan > nu resmi. Supados Kang Jamal, Kang Oman, Pa Herman > jrrd tiasa langsung tepung, langsung diskusi. Insya > Allah, da perkawis waktos sareng nu sanesna mah tiasa > dipilari nu salse pikeun sadaya. > > Hawatos lah, upami padungdeng sorangan bari jinisna > sorangan teu teurangeun. Hawatos ka Pa Herman, karunya > oge ka urang sadaya. Naon arana nya? > > Darmawan Sepriyossa > > --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > kaleuwihan sewang-sewangan. Upamana, seler Sunda > > eleh ku Batak, eleh lebah > > mana? Naha ari ahli pemasaran online kaliber Anne > > Ahira anu asli Banjaran > > heunteu jugala dibanding anggotana anu loba ti seler > > Batak? Naha ari ketak > > urang Sunda di internet anu ceuk rarasaan mah-upama > > teu bisa disebutkeun > > unggul-heunteu katinggaleun teuing ti seler sejen > > kaasup elehna urang Sunda > > ku seler tadi? Boa-boa anu nyebutkeun Sunda eleh ku > > Batak teh satemenna > > heunteu engeuh kana potensi nyata sakabeh urang > > Sunda. Karunya teuing. > > baktos, > > manAR > > > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > > http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > __________________________________ > Yahoo! Mail for Mobile > Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone. > http://mobile.yahoo.com/learn/mail Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

