Hanjakal euy, kuring ge wik en ieu teh geus ngararancang balik ka lembur, puguh... menta harewosna bae lah, Kang Runa, Jang Kemod...

Perkawis eusi acara di RPC, sigana langkung sae urang ulah langsung ngentak ka materi anu bareurat. Nya sakumaha di KUSnet ieu bae we, ngobrolkeun sagala rupa, tapi make basa Sunda. Teras deuih, nyelang eta acara, sigana urang teu kudu kaku ku ukur nyetel kasenian Sunda, bisi nu teu resep langsung buriak. Keun bae nyetel lagu Yu Res Mi Ap jeung Tegar ge, selang seling jeung seni sora Sunda.
Kanggo jejer pangwanoh, nya sigana kumaha we ilaharna urang, pancakaki, dadaran ngeunaan KUSnet, anggota2na, kagiatan2ana, sekretariatna (hehe...).
Tah, upami acarana tos maneuh, nembe panginten dirarancang deui "kurikulum"na, medar sagala rupa unak anik kaadaban (peradaban) Sunda. Ulah hilap, bahas oge ngeunaan Propinsi Bogor raya, heuheu...

jk

On 7/7/05, Runa Inawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mangga ka nu sanesna dinatos perkawis konsep acara Kanggo Ngeusian Acara Kusnet di Radio RPC Bogor.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke