Sigana leres sakumaha info ti Kang Kumi, agenda "Kamapimpinan Urang Sunda" teh dirojong ku Gema (Gerakan Masyarakat) Jabar tea, salah sahiji tina sababaraha organisasi/lsm kasundaan. Gema jabar mindeng gawe bareng jeung Bandung Spirit (Kang Acil saparakanca), Dewan Pemerhati Lingkungan dan Kehutanan Tatar Sunda/DPLKTS (Mang Ihin & Kang Mubiar). Salah sahiji garapan Gema Jabar bareng jeung Disbudpar Jabar nyaeta pasanggiri Mojang jeung Jajaka (Moka) Priangan tea (sanes mojang_akank :)) .
 
manAR

 
On 7/7/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Eta mah, pami teu lepat, pelatihan nu diayakeun ku Gema Jabar. Dina majalah Warta Gema Jabar nu dibagikeun ka nu sarumping ka HS waktos sababaraha sasih kapengker, aya oge laporanana ngeunaan ieu pelatihan teh...

On 7/6/05, dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
Tadi sikuring jalan-jalan dialam maya, ari gorehel teh manggih babakan anu
rada aneh keur sikuring, babakanana mah teu pati gede anu dumuk didinya aya
76 jalma, tapi disebut-sebut "Kapamimpinan Urang Sunda" naha bener eta teh
aya paguron anu bisa nyitak pamimpin khusus keur urang sunda? Bisi aya anu
wanoh jeung eta padepokan mah cik sikuring diiberan ngarah teu panasaran.
Tah tapakna mah aya dihandap, boa-boa aya baraya anu kungsi mondok dieta
padepokan.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke