Baraya saalam dunya,
Dina KBS VIII 2005 di Subang kamari ieu, Abah Surya ngadugikeun makalah anu dijejeran "Ngungkulan Bangbaluh Ngagunakeun Undak-Usuk Basa Sunda jeung Tarekah Ngajarkeun Bahan Tatakrama dina Pangajaran Basa Sunda". Sabegan tina ieu makalah kungsi ditepikeun ku anu nyeratna dina seminar pangwangunan dina titincakan budaya tea, 3 mingguan kaliwat.
Dina ieu makalah, Abah surya madungdengkeun perkara undak-usuk dina Basa Sunda. Eusi makalah anu singgetna nyaritakeun aya kaayaan wujud undak-usuk Basa Sunda (UUBS) jeung gegeseranana dina kahirupan sapopoe mangsa kiwari. Hal ieu teh patali jeung katangtuan anu 3 dina UUBS, nyaeta: basa kasar/loma (urang lambangan bae ku A), basa sedeng/loma/keur sorangan (B), jeung basa lemes (C).
Dina waktu ieu, numutkeun panalungtikan anjeunna, aya tilu 4 wujud jeung gegeseranna antara UUBS golongan A, B, jeung C. Pola I, A = B = C. Contona: aya (kasar) - aya (sedeng) - aya; kumaha - kumaha - kumaha, jst. Pola anu kadua, A = B henteu = C, contona: baju - baju (> = ngegeser kana "acuk") - raksukan, irung - irung > - pangambung (irung dina basa sedeng ayeuna ngaser kana "pangambung"), jst. Pola anu katilu, A henteu = B = C, contona: arek - bade - bade, bareng - sareng - sareng, jst. Anapon pola kaopat, A henteu = B henteu = C, contona: ajang, keur, pikeun - kanggo - haturan, anggeus, enggeus - rengse - parantos, jst. Kumaha usulan Abah Surya patali jeung tarikan kahayang Urang Sunda mangsa kiwari sangkan UUBS teh diilangkeun (diantarana, kulantaran UUBS dicirian bisa jadi simbol kahirupan anu henteu egaliterian alias ngalanggengkeun feodalisme tea)?
Abah Surya, dina presentasi makalah di luhur, samemeh nepikeun usulanana, ngadadarkeun heula padungdengan ngeunaan perluna UUBS diilangkeun atawa ngagunakeun basa Sunda anu loma bae. Saur anjeunna, sigana nepi ka iraha oge (catetan kuring: minimal dina waktu anu lila keneh), sababaraha kecap Basa Sunda anu lemes moal bisa diilangkeun. Hal ieu tumali jeung kaperluan jeung rasa basa anu kapangaruhan ku kabiasaan salila ieu. Upamana bae, basa Sunda anu lemes moal bisa diilangkeun nalika urang nagdo'a (nyuhunkeun ka Pangeran) atawa calon minantu ngobrol ka calon mitoha. Upamana, urang dina mangsa ayeuna oge ka hareup, teu mungkin ngado'a make basa loma. "Gusti, geura prak atuh abdi bere rizki anu loba ku Anjeun jeung geura leungitkeun kasusah abdi, saenyana Anjeun eta anu Maha Nyaho jeung Maha Mere Rizki", ieu salah sahiji conto ngagunakeun basa loma dina ngado'a anu karasana heunteu pantes. Atawa, conto sejen, nalika Kang Syam ngalongok bebenena, inyana naros ka calon mitohana: "Pa, ari si eneng aya di imah?", "upami aya abde menta ijin rek mawa jalan-jalan si eneng ka alun-alun, da ngan sakeudeung Pa, ulah salempang". Mun seug kitu baheula Kang Syam, meureun bedo laki-rabi ka putra mitohana ayeuna :).
Kumaha usulan/jalan ka luar ti abah Surya? anjeunna ngusulkeun sangkan dina mangsa ayeuna Urang Sunda sakurang-kurangna terang naon bae anu masih perlu pisan dilarapkeun dina UUBS. Teu pira ngan 30 kecap. Ieu anu 30 kecap anu masih diperlukeun keneh mangsa ayeuna teh taya lian ti pola kaopat dina anu kasebut di luhur. Kunaon anu 30 ieu masih diperlukeun? Sabab dina pola kaopat, anu ngan ukur 30 kecap jumlahna, estuning henteu aya anu sarua. Boh basa loma (A) henteu sarua jeung basa sedeng (B) atawa basa sedeng (B) henteu sarua jeung basa lemes. "Pirakadar 30 kecap (jadi 90 kabehna da kali 3 tea-manAR), diapalkeun sapoe hiji oge moal karasa, sabulan apal", kitu saur abah Surya anu dibasakeun deui ku si kuring. Anu 30 kecap pola IV teh mangga dihandap ieu (dina jero kurung tambahan ti si kuring):
Basa Loma Basa Sedeng/ Basa Lemes
keur sorangan
1. ajang- keur-pikeun kanggo
haturan
2. anggeus, enggeus rengse
parantos
3. balik wangsul
mulih
4. bapa pun bapa
tuang rama
5. bawa bantung
candak
6. beuli peser
galeuh
7. bisa tiasa
iasa
8. boga gaduh
kagungan
9. cageur pangesto
damang
pangestu
10. dahar neda
tuang
11. datang dongkap
sumping
12. denge kuping
dangu
13. gering udur
teu damang
14. hayang hoyong
palay
15. imah rorompok
bumi
16. indit mios
angkat
(miang)
17. indung pun biang
tuang ibu
18. juru>ngajuru ngalahirkeun
babar
19. menta nyuhunkeun
mundut
(meredih)
20. mere maparinan
ngahaturanan
masihan
ngaleler
21. ngaran wasta
kakasih
jenengan
22. ngising miceun
kabeuratan
23. ngomong sasanggem
sasauran
24. nitah ngajurung
miwarang
25. nyaho terang
uninga
26. pamajikan pun bojo
garwa
(geureuha)
27. parna repot
wales
28. poho hilap
lali
29. sare mondok
kulem
30. tenjo tingal
tingali
Pamugi aya manfaatna.
Baktos,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?>
---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS