Uluh meni tangginas, sae Kang Kumi! Mung eta "dijieun tina duka" 
geuning dilebetkeun oge ... aya2 wae.. nepi ka ngehkey kula haha ... 
Keun ke pami kenging 'wangsit' ngeunaan per-kurupuk-an ditambihan.. 
Insya Allah amiin ..

Kang, upami rorisan kaulinan budak samemeh aya 
Gamewatch/sega/Nintendo/PS/XBOX siga TOKLE, perepet jengkol, 
gugunungan, sasamunian (petak umpet) jrrd tos aya di wiki henteu?. 

Naros soteh ieu abdi nuju kerung saeenjing mikiran nami kaulinan 
kapungkur teu apal wae. Cara ulinna kieu: budak (biasana nu pangkuatna 
ngankeup tihang tuluy ditukangeunna barudak sejen (saayana bisa2,3,4,5 
jst) nangkeup ka eta budak, biasana mah nu panglembekna aya 
dipangktukangna. Nu jaga (nu dihukum) kudu ngawih naon kitu terus 
nyoba ngabetot runtuyan barudak hiji nepi ka nu pangpuhuna dibetot ku 
sarerea, pakuat2 we.

Naonnya namina kaulinan ieu? Aya nu terang?

Kurupuk melarat: Kurupuk ieu ogé loba dijual di wewengkon Cirebon, 
dijieun tina duka.. 
Kurupuk gadung: didamel tina gadung ;p..... jst 
Saroja: kurupuk sanes ieu teh? 
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Kurupuk";

--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> geus jadi, mangga buka di http://su.wikipedia.org/wiki/Kurupuk
> 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke