Kang Yud... pami teu acan dahar, patuangan abdi ge sok kukurupukan... heu heu heu
punten kang, kurupuk = crackers, kiripik ge disebatna crackers keneh sanes ? tapi, diurang mah pan benten kurupuk sareng kiripik teh... da tukang kurupuk ge alimeun geuning pami disebat tukang kiripik teh, kurupuk mah bahanna tina adonan, ari kiripik mah biasana tina bahan aslina nu dikeureutan aripis teras di goreng. teu benten sareng kurupuk, kiripik ge rea pisan, diantawisna : kiripik cau, kiripik boled, kiripik gadung, kiripik nangka, kiripik taleus, kiripik kentang, jrrdldshhml..(jeung rea2 deui lamun disebutkeun hiji2 mah lieur) malah mun naek angkot, mun bade liren teh sok ngahauk : Kiri...pik.... (nami supirna si Opik) -dul- nagog deui.. --- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Teh Puppy, Mang H, Roisz, sadayana... > > ti kapungkur oge asa sok sakedik2 maerhatoskeun masalah kukurupukan > ieu. Janten aya ideu kumaha mun urang ngaroris macem2 kurupuk nu aya > di TS, lulumayanan keur bahan dokumentasi sajarah budaya urang mun > seug kapayunna kurupuk kalindes ku zaman. > > Kaduana lumayan oge keur bahan wikipededia tea, tos lengkep mah kantun > disalin we ka Teh Wiki teh. Ku kituna aya saena ngarorisna teh ku cara > nambihan daftar di handap alias teu kedah ngadamel posting reply.. > > Punten bada dimimitian ku abdi, tapi saka we nya inget: > > KURUPUK (kerupuk (B. Indo); Crackers (Engl.): kurupuk teh salah sahiji > jenis dahareun nu kaasup kategori jajan pasar (snacks). Sanajan kitu, > disababarahe wewngkon, utamana Tatar Sunda, kurupuk biasana dijadikeun > batur dahar, boh dahar sangu atawa dahareun munel sejenna (hucap, > baso, lotek jrrd). > <<< DIKADEK ... >>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

