Abdi oge gaduh TUTUPna mah...
Bi Icih randa ngora nu jadi pembantu di Jakarta gura - giru muru beus ka terminal Lewi Panjang . harita teh kabeneran keur mangsana ahir liburan barudak sakola,nya puguh we atuh di terminal teh ngagimbung pisan....antukna ek asup kana beus oge kudu paheula2....tapi kutekad jeung niat bi Icih anu penceg ek mulang deui kakota sa bada nepungan budakna nu sakola di SD keneh, kabeneran cenah geus naek kelas jadi rengking I,jadi bi Icih kapaksa bi Icih kudu balik heula ka lembur pikeun mangmeulikeun seragam anyar jeung bekel sakolajang sabulaneun.. akhirna bi icih bisa naek kana beus sarta meunang jok anu kosong keneh....tapi pas calik dina jok beus bi icih ngarasa hayang kahampangan..tapi teu bisa kumaha da puguh beus na oge kaburu pinuh...kapaksa geus umpad-imped oge teu katahan antukna bi Icih kiih di bis.... terus aya bapa2 sumedeng kolot, kabeneran deuih Duda cenah mah....pas kabagian jok digigireun bi Icih pisan.. tapi si bapa2 teh heran dina jokna naha bet jemblong bin baseuh...panasaran naros ka bi icih... Bapa2 : "Punten Bu naha gening Jokna baseuh?" Bi Icih : " Emh...itu pa, emh....(bari nenangan alesan)Itu pa minyak seungit abdi bahe tadi tutupna leungit" Bapa2 : " Owh....!!" bari ngelap jok ku saputangan manehna... tapi si bapa teh tetep panasaran saengeus ngelap jok ku saputangan na pangangguran jeung panasaran hayang nyaho seungitna parpum bi Icih tea, langsuing we atuh eta saputangan anu dipake ngelap teh di ambuan teu sidkna mah nepika diseuseup sagala...tapi saenggeus nitena jeung ngarasa sorangan ,"naha bau minyak seungit naon bet aneh kieu??"dina pikiran si bapa2 teh...langsung si bapa gumujeng bari nyebut kieu ka bi Icih... Bapa2 : " Eulleuh,....atuh minyak seungit ieu mah abdi oge gaduh TUTUP BOTOLna bu!!" Salam, -ts- Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

