bahasa indonesia nu dipake dina ensiklopedi sunda kesanna rancu.. 
jiga tina sunda tapi maksa diindonesiakeun, kadang sok hayang seuri 
macana... 

~ipuP~

--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> jigana geus kudu di-update tah ensiklopedi teh: 
> 
> warna nu ilahar pikeun kurupuk: bodas, koneng,
> beureum, jeung hejo. tacan manggih warna lain mah.
> 
> di garut aya sababarah pabrik kurupuk nu kawentar,
> diantarana di cibatu (teuing ayeuna masih aya keneh
> atawa heunteu, tanya ka si kang deny geura). kurupuk
> cibatu beda jeung kurupuk cikoneng. kurupuk cibatu
> leuwih badag, jiga kurupuk nu disayagikeun di tukang
> baso kikil di jalan banteng, gigireun rumah sakit
> muhamadiyah. 
> 
> wadah dagangan kurupuk nu sok ditatanggung lain
> "blek", tapi jiga "dreum" dina bahan kaleng anu gedena
> ngaleuwihan tukang kurupukna. ari "blek" mah wangunna
> masagi, biasana sok dipake ngadagangkeun kurupuk di
> warung-warung.
> 
> nu kuduna ditonjolkeun dina entri kurupuk, jigana
> salian ti kurupukna, justru "dreum"-na, sabab eta ciri
> has tanggungan tukang kurupuk nu aya di tatar sunda.
> kuring tacan manggih tanggungan kurupuk jiga kitu di
> tempat sejen.
> 
> salam,
> mh





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke