rekmiluan ngadongeng ngeunaan kurupuk KRUPUK MLARAT Mlarat teh bahasa cirebon, artina sangsara ku dunya. Duka pedah naon krupuk eta diaranan krupuk mlarat. Bahan dasarnamah--sigana-- sarua jeung krupuk sejena, tina aci. Nu ngabedakeun krupuk ieu jang ngasakana henteu digoreng make minyak tapi dipanggang luhureun KEUSIK nu dipanaskeun. Sanggeus asak kurupuk dibalur ku bumbu.
Dipasar krupuk ieu diwarnaan jadi tilu warna; BEUREUM, BODAS, jeng KONENG. Di cirebon sabungkusna dijual mulai 3.000-3.500 gumantung dimana urang meserna. Kurupuk ieu kurupuk pavorit rerencangan di kantor. Mun kuring rek balik ka cirebon teh sok aya wae nu pesen, "Man. Bawakeun krupuk mlarat, euy." On Thursday 07 July 2005 11:55, mj wrote: > eta, ngobrolkeun kurupuk aci cikoneng teu beja-beja ka urang? urang teh > turunan tukang kurupux cikoneng. kamari panggih jeung balad SMA urang > Kujang Cikoneng, sarua, beres SMA teh ka Malang, muka pabrik kurupuk aci > (sampeu). ngan teu lila, can bisaeun meureun. -- wasalam, DURACHMAN ---------- Email dijieun make KMAIL. Sistem operasi [linux] SimplyMepis Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

